heuheuheu.......geuningan di batur mah leres teu aya istilah ngakeul2an nya.
Emut nuju bareto mah beas sateuacan diisikan ditapian heula. Deuh meni pararantes teh sonten2 napian beas bari nganggo samping. Nyunda pisan. Ayeuna mah geuningan beas teh teu kedah ditapian deui langsung we diisikan. Etata upami nuju ngakeul teh panangan kedah tiasa nyepeng dua parabot dapur, anu katuhu nyepeng....eh naon nya hilap deui paranti ngakeul teh....eta we....teras anu kenca nyepeng hihid bari waktosna sasarengan.
Hayu baraya urang tuang. Komo sangu kengeng ngakeul mah da pulen.
Neng Iva
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jadi inget ka jaman budak baheula, da ayeuna mah
ngarih teu kitu, malahan nyangu teh tara diarih,
langsung asak terus diakeul.
Soal ngakeul jigana ukur aya di sunda da di batur mah
hususna Sumatra teu aya. Hal ieu boga pangalaman,
waktu masih bujangan, sangu asak terus diakeul; atuh
da eta mah batur kos urang Sumatra sieuneun pisan,
bari nanya pokna teh : "kang emang siapa yang kena
guna-guna?" Kuring eureun ngakeul, terus ngahuleng
sakedapan, bari terus balik nanya : "kok nanya gitu,
emangnya ada apa?". Jawabna :"Abis akang ngipasin
nasi,. Kalau di Sumatra (manehna urang Blitung), kalau
nasi dikipasin, dipastikan ada yang diguna-guna."
Jaka
__________________________________
Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/stayintouch.html
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

