Upami emut sangu, atuh kedah ditambihan emut ka
rencang sangu. Salah sawios diantawisna nya eta
jengkol.
(saha pameget anu sok pirajeunan ka Pasar?) Kamari
wanci haneut moyan, kuring ka pasa Depok Baru. Biasana
upami meser sayur aya hiji warung langganan. Nu
dagangna teh urang Jawa, nuju kakandungan 8 sasih.
Harita oge disarengan ku carogena. Sabada meser sayur,
ngobrol ngaler-ngidul ngulon-wetan, bras we obrolan
teh ka perkara jengkol. Ceuk si ayu teh, ayeuna hese
mun milarian jengkol. Biasana pasar Depok baru sok
nyandak daganganan  ti pasar Kemiri muka). Tadina
pangaos jengkol teh ngan Rp 4000/ kg, ayeuna ngadadak
jadi Rp 16.000/kg.

Tah bilih wargi kusnet bade bisnis jengkol - ti batan
bisnis telkom-ajinomoto anu teu jelas bisnis naon-
mangga kontak ka abdi, para padagang di Pasar Depok
baru tos ngantos-ngantos aya pasokan jengkol.


baktosna,


mrachmatrawyani

  

--- iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > Emut nuju bareto mah beas sateuacan diisikan
> ditapian heula. Deuh meni pararantes teh sonten2
> napian beas bari nganggo samping. Nyunda pisan.
> Ayeuna mah geuningan beas teh teu kedah ditapian
> deui langsung we diisikan. Etata upami nuju ngakeul
> teh panangan kedah tiasa nyepeng dua parabot dapur,
> anu katuhu nyepeng....eh naon nya hilap deui paranti
> ngakeul teh....eta we....teras anu kenca nyepeng
> hihid bari waktosna sasarengan.
> Hayu baraya urang tuang. Komo sangu kengeng ngakeul
> mah da pulen.
>  
>  
>  
> Neng Iva
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<!-- SpaceID=1705013556 loc=TM noad -->

--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke