Alaikum salaam wr. wb.
Teh Puji, Kang Insan, wilujeng gabung di Kusnet. Nepangkeun sim kuring wasta 
Lies.
Kawit ti Singaparna sareng ti Bandung oge, nanging kabandang ku nu 
pangkasepna sa alam dunya janten nyangsang di Inggris.
Alhamdulillah ku ayana milis urang sunda urang janten tiasa patepang didieu.
Di palih mana di Cijambe na Teh Puji? Abdi gaduh rerencangan di Cijambe teh, 
Ibu Ella istrina Pa Soni.
Anu bumina palih tonggoh di puncak pasir. Upami kenal pangdugikeun bae 
salamna. Hatur nuhun.
Hatur nuhun Teh Puji sareng Kang Insan parantos narepangkeun didieu. Mugi 
janten panyambung tali silaturahmi.
Baktos,
Lies
ps. Bilih bade nguningaan/nganjang tina komputer:
Corat-coretna di: www.teteh.com
Foto-fotona di: www.english-indonesian.com
Kagiatan sadidinten: www.annisa.org sareng www.indomuslim.net
Yahoo ID: Indomum


  ----- Original Message ----- 
  From: rechi ossa
  To: [email protected]
  Sent: Friday, June 10, 2005 2:54 PM
  Subject: [Urang Sunda] nepangkeun ti wargi anyar


  Assalamu'alaikum.
  wargi-wargi urang sunda, nepangkeun, abdi pun Pujiastini, neneh mah cekap 
Puji bae. kawit ti Singaparna, Tasikmalaya, ayeuna bumen-bumen di Cijambe, 
Ujungberung. Padamelan nu matuh sabage karyawan ITB.
  Ngawitan terang ayana KUSnet, ti rerencangan sapadamelan.
  Harepan abdi saatosna terang ayana komunitas urang sunda,  kanggo diajar 
ambeh dina ngalarapkeun basa sunda tiasa luyu sareng anu sakedahna. utamina 
mah hoyong seueur wargi.


> --- In [email protected], "Insan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Assalamu alaikum...
> > Abdi kenging ngiringan?
> > Nepangkeun ah.. nami abdi Insan, aseli ti Bandung, ayeuna mah
tos
> > damel di PLN wilayah Suluttenggo... Manado.. nembe 2 sasih didieu
> > meni tebih ti lembur euy!
> > kapungkur sakola di SD kartika nu di caket taman pramuka, SMP2,
> SMA 2
> > teras kuliah di Unisba..
> >








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke