Baraya sadayana sabada gunem catur sareng MJ sareng Kang Sonirosa via telepon sareng tos kenging konfirmasi ti Kang HW via telepon ka Kang Soni ciosna kongres di Bandung teh Dinten Minggu kaping 19 Juni 2005, ngawitan tabuh 10.00 dugi ka rengse,tempatna di Kantor Cupumanik Jl Karawitan No 46 Bandung. Acarana mah sapertos nu kantos di posting ku sim kuring nyaeta 1. Laporan YP ku MJ 2. Mapag Kongres Basa Sunda VIII, yen dina ieu KBS teh kedah ngalebetkeun dunya internet sabage salah sahiji jalan kanggo ngamumule basa Sunda dipadungdengkeun ku sadayana anu hadir. 3. Ngupingkeun pangalaman ti praktisi penerbitan basa Sunda/ buku Kasundaan ku Kang HW (Pupuhu Redaksi Cupumanik) 4. Silaturahmi papada baraya Kusnet (ngawangkong teu beres beres tea) Sugan we Kang Dipa Galuh Purba ge hadir. Mugi baraya tiasa hadir dina waktosna, boh anu ti Jakarta, Bogor sareng anu timana mendi. Diantos pisan.
MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

