Nambihan:
1. Nu ngaluuhan teh seueur nu tos sararepuh tapi nu boga ngaran ku prestasina sapertos Kang Ajip (bade 70 thn), Ramadhan KH, Aki Achdiat jste. Angkatan sahandapna saha?....sigana aya gap nya jeung nonoman/generasi urang sunda sahandapna;
2. Peurih hate Kang Ajip, hayangna mah aya rancage teh karya-karya nu meunang jadi rebutan urang sunda, supaya dibaraca, penerbitan hirup, nu narulis nambah terus muter nu ahirna kabudayaan hirup & tumbuh, atawa paling henteu atuh pemda nyitak buku keur ngeusi pabukon2.....Tapi duanana ge teu kajadian.
3. Saur Kang Ajip aspek Budaya teh nepi ka ayeuna can pernah jadi perhatosan pamarentah. Budaya teh ngan ditempo ti sisi komersial nu matak dihijikeun jeung pariwisata. Padahal budaya mah proses ngabentuk karakter...perlu waktu jeung ngabina.
4. Kang Ajip negeskeun deui yen basa sunda teh kaasup kriteria basa nu bisa musnah dina 100 tahun ayeuna (abad 21) sakumaha nu padungdengkeun di PR/Mangle. Sakur basa daerah di Indonesia oge sabenerna kaasup kriteria eta.
5. Ratna Sarumpaet (Ketua DKJ) nyebut absurd jeung kaget ngeunaan basa jeung budaya. Absurd cenah dijaman kieu masih aya nu boga kayakinan jeung keyeng ngabuktikeun ku gawe nyata kawas Kang Ajip/Yayasan Rancage. Kaget sabab anjeuna sadar yen enya geuning urang Indonesia teh geus leungit identitas, bororaah ku basa daerah, cenah basa Indonesia ge geuning teu dipalire....nu aya teh geuning basa asing utamana basa Inggris. jadi dimana pembinaan karakter jeung budaya Daerah/Indonesia?
6. Ku Kang Ajip ditambihan yen basa Indonesia ge lain nu bener nu dikembangkeun tapi basa Jakarta, basa sinetron.....kritik ka Pusat Bahasa yen bahasa teh lain milik ahli bahasa tapi sakabeh jalma di sagala widang nu ngagunakeun eta bahasa.
Sakitu pamendak sim kuring.
Panambih:
1. Iman Soleh & Godi "excellent" maca puisi make gaya teater;
2. Lalawuh...."excellent" pisan, aya ranginang, opak jeung bugis nu eusina enten (mana nu eusina kalapa atawa kacang hejo nya?);
3. Ngahuleng.......bisa kitu taun hareup urang bakus meunang Rancage?
cag ah
Jalak Pakuan
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu maca puisi Jante Arkidam versi basa Indonesia mah jenenganna Kang
Iman Soleh, nu tos ka sababaraha puluh kota, honorna ku maca eta
sajak saur kang Godi mah pan 7,5 jt (sakali maca sajak)...
Abdi mah ti pusnas tbh 12, muru ka eijkman heula da teu boga
ongkos... jaba pulsa beak.. nya maling hp punlanceuk jeung dibere
ongkos keur naek bajaj... heheueheu.. geus kitu, da punlanceuk teh
keur sibuk, jadi w ciosna uing sorangan nu ka TIM-na..
Tepang sareng kang Racmat Rawyani, kang Tirta, Ua Sas, kang Rachmat
Kiblat, kang HW, kang Teddy A.N. Muhtadin (pembimbing skripsi).. era
parada, da ka kampus mah jarang... ari di TIM kalahka panggih eung..
oge nu sanes-sanesna sapertos nu tos didadarkeun ku Ua Sas..
Sakantenan bade ngiringan kopdar atuh, abi... ngke wengi tabuh 7 tea
di semanggi... (kanggo panatacalagara kopdar Apih Siddik)
~ipuP~
(keur ngadepong di Perpusnas Salemba lante 4, layanan internet)
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Rachmat eta mah sanes Kang Jajakakapaksa (Mamat Rachmat) tapi
anjeuna
> mah Kang Rachmat Taufik Hidayat nu janten direkturna penerbit
Kiblat.
> Acara lekasan kira kira tabuh opat, aya biatara ti Pa Ajip sareng
ti Pa
> Suparto, sareng aya Prakpilingkung ti Nano.S
> Tos ah sakitu heula...!
> Aeh aya nu kaliwat aya maca puisi Jante Arkidam ku
Kang.........punten hilap
> deui namina (basa Indonesia) sareng Kang Godi Suwarna (basa Sunda)
> Mulang ka Bandung kira tabuh lima, jadi minuhan kendaraan teh da
aya Kang
> HW, Kang Dadan, Kang Rachmat sareng saurang deui.
>
> MSasmita
> (dijalan teh bet inget ka MJ....hanjakal inyana teu bisa
ngiluan...tuh nya
> genah ge geus pangsiun)
>
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

