Leres upami jaman sultan agung mah teu aya anu mungkir deui yen pangagung urang sunda ge ngahiji jeung sultan agung, disumedang nyatana jaman rangga gempol-1 tea salaku penerus Geusan Ulun, ngahaja datang ka solo anu sateurosna ditugaskeun jadi bopati wadana ditatar pasundan (priangan) watesna belah kolun kasultanan banten, belah kaler kasultanan cirebon. Duka kunaon sababna teu aya laratanana alesan pangeran rangga gempol ditanasa (atawa di hukum?) ditunggel janggalna di mataram, dugi dikurna ge misah antara badan sareng mastakana, makamna diwewekong lempuyang wangi, upami teu lepat mah aya nami anu kitu teh di jogjakarta.
 
Peryogi kauningan oge Pangeran Rangga Gempol teh saleresna sanes putra teges Geusan Ulun, kumargi anjeuna parantos dikandung ku ibuna Harisbaya tea waktu ibuna ngiring ka sumedang teh. Ari Harisbaya teh apa istri anu ka ereh ti Cirebon nalika Geusan Ulun wangsul masantren ti Demak, nyimpang ka cirebon malah bebenangan istri anu nuju ngandung. Teuing kumaha atuh anu jadi alesan harita, bisa bae Harisbaya-GU teh kantos tepung di Demak kusabab Harisbaya teh aslina mah putri ti Demak.
 
Ku pasualan ieu (istri/harisbaya) sumedang jeung cirebon jadi perang jeung sumedang nyerenkeun sabelah nagarana ka cirebon nyaeta wewengkon majalengka ayeuna, kitu tah dongeng kolot-kolot di sumedang mah.
 
Ahir dominasi jawa diganti penjajahan walanda di tatar sunda
Aya hiji deui anu acan mukakeun pipikiran urang, ku ajana Walanda di Batavia anu teu kungsi ka usir ku Sultan Agung beuki lila beuki kuat pangaruhna di polu jawa. Dina hiji mangsa di puser dayeuh Mataram aya pacogregan anu ngabalukarkeun belahna nagara jadi dua nyatana Kasultan Surakarta jeung Kasultanan Jogjakarta, anu jadi mediatorna sigana mah walanda dina eta perjanjian teh da geuning walanda jadi boga kakuasan diwewengkon priangan, bopati-bopati di urang jadi pagawe walanda kadieunakeun mah mah malah digajih ku walanda. Ku penjajahan walanda ieu urang sunda ngamimitian diajar manajemen "barat" aya anu didik jeung disakolakeun diwalanda upami teu lepat salah sahijina nyeta pageran kornel ti sumedang anu ti leletik dididik ku walanda jeung disakolakeun nu matak dina karirna dugi ka pangkat kornel disahandapen gubernur jendral walanda di batawi, aya oge anu gaul alami bari diajar ka walanda sapertos H.Muh. Musa, HHM, belah dieuna mah komo loba anu disakolakeun jeung disiapkeun keur ngeusian posisi-posisi dihindia belanda. Ngadegna sakola-sakola (paguron luhur) jaman walanda diwewengkon priangan.
 
Alam Kamerdakaan
dina awal kamedekaan, jigana bung karno teu pati cocog jeung urang sunda alesanan anti feodalisme urang sunda anu terdidik anu nota bene masih keneh turunan menak sunda (feodal) teu dipake ngurus republik, sikuring ge lain tuturan menak tapi lamun bener jeung bisa nyekel amanat naha teu dipercaya?
 
geus ah, jadi ngacapruks kieu geuning....! hampura baraya!
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 22, 2005 5:36 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] SUKAPURA

Nu leres mah bupati sunda ngajawakeun maneh, pan raja leutik kedah nyaruakeun maneh jeung raja gedena.

Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
rupina ti jaman Sultan Agung ka dieu, contona Dipati Ukur kawitna ti Banyumas, malihan Sultan Agung nerapkeun budaya jawa ka para bupati sunda
----- Original Message -----
From: dudi
Sent: Wednesday, June 22, 2005 3:46 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] SUKAPURA

Oh, kitu geuning dongengna sukapura teh Kang Tirta.
 
Pantesan atuh Gus Dur kantos nyarios "yen pangagung ditatar sunda teh asalna ti wetan" mung pangagung mana bae sareng periode mana-manana, sikuring teu terang, di Kang Tirta aya kitu?
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 22, 2005 1:58 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] SUKAPURA

Waduuuh...kedah muka kitabna atuh  -:)
Pami teu lepat mah ngaitna teh ka Rakyan Dharmasiksa nu di Saungggalah daerah Singaparna ayeuna. Ngalih ti Kawali teu langsung ka Pakuan tapi dumuk heula di Saunggalah. Luluhur galuh nu di Sukapura mah nyaeta Sempak Waja. Kitu pami teu lepat tina sababaraha sumber. Ku alm. Saleh DS mah Sukapura/Tasik teh nu disebat Galuh, Galuh Inti nya Kawali - Ciamis, Galuh Luar nya Dayeuh Luhur - Banjar/Cilacap.

Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

      Ari versi padjajaran kumaha, kank Jalak?

 


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Jalak Pakuan
Sent: Wednesday, June 22, 2005 1:35 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] SUKAPURA

 

Tah anjeuna nu salah sahiji  turunan Yudanagara nu boga eta silsilah teh. Eusina nya nyaritakeun sajarah Sukapura versi turunan Yudanagara.

 

JP

Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 Digarut aya anu ngagaduhan naskah babad Sejarah Sukapura, duka naon euisna, sugan aya anu kantos ninggalan, mangga dibewarakeun euisina.

 

 

 Babad Sejarah Sukapura

 R. Soelaeman Anggapraja, Jln. Ciledug 225, Garut Latin Sunda 23

 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi
Sent: Wednesday, June 22, 2005 9:44 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] SUKAPURA

 

Baraya,

 

aya anu terang kitu, naha leres pangagung sukapura teh kawitna ti mataram

atanapi aya sukapura ditempat sanes anu di jawa?

 

tah kanggo referensina ieu aya silsilah oleh-oleh ti musieum yps tea, mung

teu ka potret ka handapna numawi janten kirang yakin.

 

Wassalam,

dudi_ss



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke