Ke hilap buku nu mana nya (Sultan Agung - Politik Ekspansif Mataram kitu?), dina eta buku disebatkeun mun Cirebon teu condong ka Mataram aya 100 urang Cirebon nu bade langsung dibantai. Tadina Cirebon rek nyepeng tengah, netral teu milu konflik segitilu: Banten, Mataram, Belanda.

Di awal2 pamarentahan Sultan Agung masih ngareken turunan Walisanga, tapi dina jalan waktu nya tetep we hayang ngawasa pulau Jawa leuwih gede. Antukna kabeh rek dijadikeun bawahan, bade dipaksa kawas Gresik atanapi kapaksa kawas Cirebon. Asupna Cirebon ka Mataram mawa konsekuensi seurieus sabab Galuh oge kabetot nu asalna dikawasa Cirebon jadi dikawasa Mataram. Di jaman Amangkurat Galuh dipisah, Galuh nu ngan Ciamis ayeuna, Galuh luar (Dayeuh Luhur/Cilacap) jeung Banyumas dipisah jadi kabupaten mandiri. Jaman kamerdekaan Galuh luar kalah diasupkeun ka Jawa Tengah, nepi ka ayeuna. Lila-lila bisa pareumeun obor yen baheulana urang tatar sunda.
 
JP
 
 

durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cirobon condong ka Mataram?

Nurutkeun sumber nu pernah kuring baca cirebon leuwih seneng mun
medeka. Masalahna tentara cirebon henteu kuat lantaran ti mimitina
ngadeg Cirebon ngafokuskeun ka Dakwah ISLAM. Tah kukituna basa Mataram
makin ngaluaskeun wilayahna ku cara peperangan sareng invasi
mimitinamah ku mataram cirebon masih diaku sebagai negara medeka.
Indikatorna HENTEU KUDU NGIRIM UPETI. Tapi behdieukeun cirebon
dicaplok ku mataram (tanpa peperangan). Cirebon jadi bawahan mataram,
plus kudu ngirim upeti. Kitu deui Muria nu tadina diantepkeun merdeka
(Cirebon sareng Muria awalna dianggap kerajaan nu dihormati ku MATARAM
lantaran pangaruh spiritualna, hingga, meurun, teu di jajah).


Poe Kemis, 23 Juni 2005, Tabuh 10:28 AM, Jalak Pakuan/[EMAIL PROTECTED], Salira Ngetik kieu:
 
> Sukapura jadi saksi rebutan tanah Sunda. Jaman Sultan Ageng
> Tirtayasa, Banten maju nepi ka Priangan Timur, Sukapura nyandet
> Mataram. Ieu oge panginten nu dumasar Sukapura kantos nyerang
> Sumedang nu harita sarua jeung Cirebon condong ka Mataram, plus
> cenah kulantaran Sumedang ngagem jadi panerus Pajajaran.
====<diteukteuk, saluyu jeung atikan milist>=====
--
Best regards,
durachman                            mailto:[EMAIL PROTECTED]
http://sg.f2.pg.briefcase.yahoo.com/dur74



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke