Waalaikumsalam Wr. Wb.
Nambihan dongengna.
Alhamdulillah abi dugi ka payuneun Museum Zoologi pas tabuh 11 luyu sareng rencana. Mung nya eta tea, angkatna mah ka bumina apih teh tabuh 12 langkung, he...he...
Sajajalan teh ngobrol we ngaler ngidul (tararik tea ngobrolna teh + seuseurian rame pisan asa dina mobil sorangan we...he..he..) Aih ari pek teh di angkot teh aya wanoja bogor lumayan herang mencrang oge. he...he...
Atuh eta para jajaka urang sunda teh langsung we pasang aksi, komo anu caket ka eta wanoja mah, wah janten liar.....ha....ha....
Eeeeeehhhh ari pek teh saurna aya anu baseuh2. Ari sugan teh naon nya? Eta langsung istri anu aya dina angkot oge mariksa diri sewang2an, saurna teh "iya saya juga kok basah yah?", he...he..atuh abi teh gumujeng nguping eta teh. Akhirna mah dugi we ka tempat anu dituju. Muhun saur kang yayan mah caket saurna teh, mung nya eta tea "Caketna urang sunda tea" atuh lain bantrak2keun, he...he...
Cape ahhh nyeratna bilih panjang teuing mun ngadongengna.
Tambihanana nya eta :
1. Kumaha salajengna perkawis "Halal Bihalal 2005", saurna teh Imas nawisan lokasi teh di daerah cipanas.
Kumaha eta saterasna?
2. Aya usul : kumaha upami KOPDAR di bogor teh dirutinkeun? Nya etamah kanggo langkung ngaraketkeun tali mimitran diantawis baraya US anu di bogor khususna. Aya komentar ?
3. Muhun tah kang Eko, diantos kinten2na kumaha wae konsep upami bade ngayakeun "Ngawangkong US di Radio teh? Diantos pisan ide2 segerna.
Mung sakitu heula panginten, mangga kanu sanesna bilih bade nambihan.
Runa Inawan - Kusnet Mania
Bogor-Tasik
On 6/27/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wrb. wb.
Kamari pasisiang kusnet bogor ngayakeun kempelan dibumi apih
siddik-ciapus bogor, allhamdulilah anu sumping teh diatawisna :
1. Kuring
2. Kang Tantan
3. Kang Hendra
4. Kang Yayan
5. Kang Runa
6. Kang Reza
7. Kang Irpan-Jakarta
8. Kang Dudi
Ari maksad kempelan mah mung biasa we silaturahmi sareng ngobrol
ngaler ngidul jeung deui kuring oge can arapan kabeh bnaraya kusnet nu
aya dibogor. Kuring jeung kang tantan indit teh babaraengan naek BMW
(bebek merah warnanya) teuing kunaon motor teh beberebetan wae
sajajalan tapi allhamdulilah bisa tepi ka bumi apih. Baraya nu lain
oge babrengan inditna teh kumpul heula di kebon raya bogor.
Kurang leuwih dina ngobrol ngaler ngidul teh si apih ngobrolkeun
kopdar anu dibandung -cupumanik. teras saurna dinten jumaah-saptu
kamari uih ti banten diajakan nguseup ku kang hendri sareng kang
gunawan.
Teras ti kang tantan mah cenah upami tiasa ka baraya kusnet dimana wae
ayana kanu sok resep nulis dimedia lamun bisa mah tempelkeun ngzaran
kusnet cenah conton mah (ngaran-kusnet).
Teras ti kang hendra, si kang hendra teh baraya kusnet tos lami oge
sigana janten anggota teh mung anjeuna salami ieu mah sering noongan
wungkul, anjeuna asli bogor di ciampea kasibukan sadidintena anjeuna
teh di yayasan hanjuang bodas saurna yayasan ieu teh bergerak di
widang kabudayaan (punten bilih lepat), teras di HKTI, teras di Radio
RPC Ciawi Bogor, kitu deui anjeuna oge janten supplier bahan-bahan
tatanen kitu (punten bilih lepat), jeung nu sanesna.
Kang hendra ieu tiap dinten jumaah wengi tabuh 8 sok siaran di radio
RPC-ciawi bogor dina acara "ngawangkong" saurna anu dibahas teh
rupi-rupi terutami kana kasundaan malihan mah nawisan ka kusnet bilih
bade ngiring dina acara ngawangkong, puguh atuh kuring jeung nu lainna
atoh ditawisan kitu teh. Sok ka baraya bogor hususna, umumna mah
kanggo kusnet dimana wae ayana, sugan atuh kapayuna mah kusnet tiasa
siaran di tiap kota.
Punten sakitu heula ti abdi mangga bilih aya nu kirang mah tambhan
kabaraya anu sumping kamari, bilih aya nu lepat pang lereskeun.
Teu hilap kuring ngahatur nuhun pisan ka apih siddik sakulawargi kana
sagala rupina.
Ka baraya bogor hususna, umuna kasadayana urang ngobrol ngobrol deui
perkawis anu ditawisan ku kang hendra siaran di radio RPC
kinten-kinten kumaha tehnisna sareng saha anu siap, bade jajapian oge
mangga.
Hatur nuhun
Wassalam
@ERN
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

