indit isuk-isuk ti rajamantri jeung kang Soni Wanara Rosa (wanara ti game
ciptaanana nu make basa jeung musik sunda tea). ngahaja cuti cenah.
vespana di titip di gigireun imah. mobil teh nu Telkom kumplit jeung kang
Wahya, pilotna. beunang nambut si Ua Sas ti kang Mamat Rachmat Jajaka eta.

ari si Ua Sas na mah geus ti poe Salasa ka Subangna teh. kana umum. gejlog
cenah kamer hotelna, nya mandiri we, ceuk si ua teh. nyewa kamer hotel
sorangan di Panglejar. keur dijalan di SMS kang Hawe, nyimpang ka Mangle
cenah, jemput Bah Duduh Durahman. nya ka Mangle, kabeneran si Abah aya
keur maca koran. kanu can apal, Bah Duduh (60an langsung yuswana) teh siga
Sir Conan Doyle atawa Agatha Christie. pangarang detektif khusus basa
Sunda nu teu aya bandinganana. di Cupumanik, make sandiasama Radian
Prasetya.

rencana awal mah, Bah Surya oge kang Oman bakal milu. tapi sukur, kang
Oman oge meunang kijang ti kantorna. abah Surya bareng kang Oman jam 8an.

kang Hawe di sampeur di Ledeng.

--------------
nepi ka komplek pemda, geus nyampak sasaha. pendak kang Adang S, pangarang
nu asalna tangtara tea (ayeuna ngokolakeun Caraka Sundanologi, tempat
pikeun diajar ngarang basa sunda asana mah). oge kang Cecep ti Tribun
Jabar, kang Rahmat Taufik Hidayat, ti Kiblat buku utama. oge Darpan.
tiluanana ka SUbang poe Salasana. Darpan teh moderator sesi acara Basa
Sunda dina TV (Us Tiarsa di Bandung TV) jeung basa Sunda dina Internet (si
Ua Sas).

KUSnet kabagean di Rohang D, di gedong keuangan lama, di komplek pemda
Subang, kabupatan cap danas tea. pas asup ka rohangan eta, salaku desainer
interior -bari jarang meunang proyek- muji rohanganana di desain serius.
bedul teh, ACna ngan aya anginna wungkul, Freona mah beak sigana. da Ac
hurung salima-lima, tapi rohangan panas. jadi kongress bari sauna. haha.

si Ua Sas midang nyaritakeun KUSnet oge YP. dibere waktu 30 menit bari
demo saeutik perkara karya kang Dian Nugraha di Karlsruche Jerman (nuhun
kang!) nu ngomputerkeun aksara Sunda tea. matak helok kabeh nuhadir.
ongkoh kontingen KUSnet sigana panghebringna presentasi teh. da make
infokus jeung laptop sagala. asana nu sejen mah teuing. kang Bana G.
Kartasasmita, PhD -dosen matematika ITB- biasana mun seminar make infokus
laptop, tapi duka tah di kongres ieu mah teu kaburu katoong.

acara KUSnet teh paralel -bareng jeung acara bah Duduh di gedong sejen.
acara KUSnet kaitung hade sabab aya tenjoeun, katerangan dina layar tina
infokus tea. nuhun ka kang Soni oge risti.

aya acara tanya jawab, hanjakal  saeutik da muru waktu.

-------------------

pendak jeung Godi Suwarna, panyajak basa Sunda urang Ciamis. ditalek, naha
eta jalan ti Panamun jadi Puspa Lubis? manehna teu bisa ngajawab. jalan ka
imahna di Ciamis ngarana eta. apal pisan si kuring sabab beh ditueun
imahna teh markas kuring keur SMA. tapi makalah GS lucu pisan. haha.
tadina rek di scan tapi teu purun/scanna euweuh/teu resep nyeken tulisana
mah kudu diedit deui/. bisi loba teuing ongkoh.

kang Acep Zamzam Noor, Sarabunis Mubarok, Hadi AKS nu pangling, oge kang
Cece Hidayat guru basa Sunda SMP 13 (jl. mutiara bdg).

beres acara si Ua, ceuk si Ua aya sepuh nu nyampeurkeun ngajak sasalaman,
sae, cenah. sihoreng eta teh kang Wahyu Wibisana. salah saurang sastrawan
sunda kahot.

----------
si Ua Sas helok basa geus beres presentasi. dibere amplop. 700 rebu. nya
dipake we meser oleh-oleh danas simadu. pikeun nu samobil. sesana rek
dipake meuli CD kosong pikeun ngopi program Aksara Sunda kang Dian
Nugraha, game kang Soni W. Rosa, jeung nu sejena. rencana mah eta CD teh
rek diselapkeun dina majalah Cupumanik edisi Agustus. nyebarkeun program
KUSnet kasasup nyebarkeun aksara sunda pikeun dina komputer oge gim basa
sunda tea. teuing bari sakalian dina raraga 60 taun indonesia memerdekaan.

--------------

eh, aya istri sapantaran make helm (kerudung) nyampeurkeun. rarayna mah
wawuh, ngan eta ngarana poho deui. nu inget teh aya T jeung E. bener,
Tetet. babaturan sakelas di SMA. manehna kuliah di Basa & Sastra Sunda
Unpad. ayeuna jadi PNS di diknas Kab. Ciamis. nuhun ah geus panggih
sanggeus belasan taun pisah. manehna utusan ti dinas diknas Ciamis.

geus heula. ke si Ua sugan kaburu nginternet make telkom instant. hehe. si
Ua pangsiun, internet haratis teu aya da dikantor. hehe

mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke