Ngahaturkeun nuhun kana pang-bageana kang Ridwandi,kan ndoell,kang rahmat oge ayi oman (nu ieu mah tos wanoh ti kapungkur). Sumuhun ayi oman abdi teh lanceuk na boim (Iim Ruhimat-unisba), oge kantos 'masantren' di Salman. Leres oge ayeuna damel masih di RS AL Islam. Ka ahlian teh sarupaning panyawat dina 'organ' tulang, sandi, urat, boh nu kacilakaan atanapi panyakit lianna. Janten sanes mung ukur 'manjangkeun tulang'. Kaleresan profesi abdi mah tiasa ngawarung ti enjing janten sonten na rada nyalse iwal ti lamun aya nu kacilakaan anatanpi kaayaan 'emergensi' (naon tah basa sundana). Jigana karesep kana 'pertulangan' teh nitis ti pun Aki nu ceuk cenah mah boga kabisa ngubaran nu tulang potong atawa misalah. (lembur teh di sumedang). kapungkur abdi Ngelmu di Unpad nu diteraskeun di Nagoya-Jepun kanggo neuleuman perkawis nyeri cangkeng, nu ceuk implengan mah kasakit nyeri cangkeng teh bakal jadi panyakit nu paling sering 'dikeluhkan' (naon sundana?) ku urang indonesia (oge sunda) di taun2 nu bakal datang. Kumargi ku bakal ngaronjatna yuswa urang indonesia (mingkin seu eur payakit 'degeneratif'). Oge ku beuki saeutikna aktivitas jalma anu ngagunakeun suku (aktivitas berjalan menurun), eta teh bakal ngaronjatkeun kasakit nyeri cangkeng jeung sabangsana (singsireumun suku, baal-baal suku, nyeri tuur jrrd). Pan heu euh nya siga baraya ayeuna nu ngadeluk we diuk dina hareupeun komputer, komo bari jeung tara olah raga. (sok geura itung ku baraya sabaraha jam sapoe urang diuk dina korsi). Numutkeun panalungtikan bobot awak dina kaayaan diuk ampir 80% dipancen ku tulang cangkeng, komo deui upami posisi diukna teu merenah/ teu 'aerodinamis' (teu ajeg, jeung kirang nyarande) aeh.. aeh punten yeuh janten ngaguar panyakit..., teu sawios-nya supados baraya teu janten pasen sim kuring, etang-etang uar-uar supados baraya nu insya Alloh yuswa panjang ulah dugi ka ngalaman nyeri cangkeng, komo deui upami tos disarengan ku sing sireumeun atanapi baal-baal suku. (margi pasen sim kuring tos ngawitan yeuh seu eur nu anom keneh, umur 30-han) Cag heula dugi ka dieu... geus merelek heuay.... keun sanes waktos urang guar deui perkawis nyeri cangkeng ieu... oge sim kuring hoyong ngabagi pangalaman cara janten 'dukun' urut di bumi nyalira, hatur lumayan kanggo 'P3K' (tuda sok keuheul lamun narima pasen cilaka misalah atanapi potong tulang teh, pitulung awal na sok salah bae, malah sok janten ngabahayakeun korban (komplikasi)... Punten ka kang kuncen abdi nyungkeun widi.. kanggo ngaguar anu tadi kasebutkeun di luhur....sanes waktos. cag.. DR.
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

