Sateu acana hatur nuhun ka baraya sadaya anu atos masihan respon. Tambihan panginten, tah perkawis ieu teh panginten insya Alloh bade dirutinkeun, perkawis waktosna mah bade dicobian dibadantenkeun sareng pihak RPC-na.
 
Mangga kanu sanesna panginten bilih bade masihan masukan2.
 
Hatur nuhun
 
Runa Inawan


 
On 7/7/05, Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Usul simkuring mah mendingan acara obrolan santai anu ngabahas masalah-masalah sapopoe anu dirasakeun ku masyarakat, misalna BBM anu sesah dipilari, pilkada, dll. Acara model kieu mudah-mudahan tiasa nambih wawasan kanggo masyarakat, utamina urang sunda. Narasumberna mah pasti gampil, da urang sunda teh seeur pisan anu pinter-pinter.

irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
acara : Sunda Gaul
tujuan : sangkan barudak ngora teu minder kana kasundaan nana, enya ge sunda kontemporer tapi teu nyimpang tina norma.
nara sumber : ahli psikologi. (tangtuna urang sunda oge)
kemasan : saheulaanan di eusian ku ngobrol di selingan ku lagu anu populer, rek barat rek indonesia, nu penting narik heula audiens.
engke mun audiens-na geus loba, bisa diselingan ku lagu sunda, kacapi suling, jsb.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke