Kang Runa....alus tah nepi ka bisa gawe bareng jeung RPC...!!
Alusna mah ngabahas buku tatanen (pertanian) dina basa Sunda, baheula mah da buku buku tatanen teh loba dina buku basa Sunda, malah Djawatan Pertanian Rakyat Propinsi Jabar ge ngaluarkeun buku tatanen dina basa Sunda ngarupikeun majalah (ukuran A5) sigana kaluarna unggal bulan ngarana majalahna PA TANI.
Di kuring aya lima buku kaluaran taun 1953 bulan April, Mei, Juni jeung Agustus (ngan sakitu....teu lengkep...) panganteurna ku basa Sunda, malah aya buku bab tatanen anu di dangdingkeun mun teu salah terbitan taun 1930an ( ieu buku keur aya nu nginjeum, can dibalikeun....)
Sigana jaman kiwari ge bab tatanen mah masih keneh keuna lamun make basa Sunda, contona melak Gedang, melak kemir (tomat),miara belut, jste, jeung ongkoh deuih radiona ge apan Radio Pertanian, cobaan menta respon ti anu ngadarengekeun naha buku tatanen (anu sederhana) mending ku basa nasional atawa ku basa Sunda.
 
Ke...ari Kang Runa teh sabage host (pribumi) atawa jadi tatamu dina eta acara teh..?, alusna mah langsung jadi pribumi supaya leuwih bebas ngagaleongkeun eusina padungdengan.
 
MSasmita
(mun tulus engke dina tanggal 8 Juli 2005 tabuh 21.00 rek ngiluan Golempang di Bandung TV bareng jeung MJ, Kang Oman, Kang Benny/Ki Sunda jeung Abah Surya)
----- Original Message -----
Sent: Thursday, July 07, 2005 9:19 AM
Subject: [Urang Sunda] Konsep Kanggo Ngeusian Acara Kusnet di Radio RPC Bogor

Assalamulaikum Wr. Wb.

Wilujeng enjing baraya sadayana.
 
Dina raraga nyumponan/ngalaksanakeun hasil KOPDAR di Bogor ping 26 Juni 2005 nyaeta salah saijina perkawis aya rencana ngeusian acara di Radio RPC (radio pertanian ciawi) Bogor, simkuring saparakanca nyuhunkeun masukan konsepna. Kinten2na kedah kumaha wae acarana (topik, dll).
 
Diantos pisan partisipasina.
 
Hatur nuhun.
 
Waalaikumsalam Wr. Wb.
Baktos,
 
Runa Inawan - Kusnet Mania




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke