Wilujeng sumping Kang Setia Hidayat,
Haturan, upami leres ieu kang Setia Hidayat salah sawios anu nuju nyepeng pancen di pamarentahan, kalintang bingahna. Milist Kusnet tos kasumpingan sababaraha pangagung anu arang langka ti kapengker dugi ka danget ieu icikibung di milist. Padahal mah guaran-guaran di milist sakitu euyeubna. Henteu sakedik patarosan atanapi usulan para anggota milist anu tiasa janten bahan pangemut anteb para pangagung pamarentahan. Apan urang bade mayunan "era e-government", hiji mangsa nalika pangaweruh jeung kaparigelan kalawan aktif kana internet ti aparat pamarentah kalintang diperyogikeunana.
Dulur urang di KUSnet sumebar di sakuliah dunya, ti mimiti di Tatar Sunda, Sunda Kecil, Sunda Besar tug dugi ka Sunda saamparan jagat. Ti mimiti anu pancen di pamarentahan, dosen paguron luhur, ahli IT di industri & kantor-kantor swasta, sodagar dina rupa-rupa widang, anu nuju tholab elmu di jero nagri oge di LN. Anu di LN ti mimiti ahli nuklir anu nuju ngumbara di eropa, ahli bioteknologi (oge ketua asosiasi jamu indonesia-korea) dosen di Yonsei University, dulur-dulur boh padamel pamarentah atawa pangusaha anu nuju ngumbara di USA, Walanda, Jerman, Jepang, jrrd. Nuduhkeun jembar jeung motekarna US.
Di ieu milist aya dulur-dulur urang-anu ceuk pamadegan si kuring mah - geus ngalahirkeun "sumanget baru" dina widang basa. KUSnet-ceuk PR-geus disebutkeun salaku bentang lapanganna KBS VIII 2005 di Subang. Hiji gelar anu muga-muga matak nambahan gedur sumanget icikibung miara jeung mekarkeun budaya Sunda ngaliwatan internet. Kang Ismail, salaku anu ngadegkeun milist US, Ua Sas, Mang Jamal, Kang Kandar, Kang Eko, jeung Ua Siddik salaku moderator KUSnet. Oge para anggota milist anu aktif dugi ka milist ieu ngadegkeun beungkeutan kulawarga (KUSnet: Komunitas US di internet) sareng yayasan (Yayasan Perceka) katut sadaya garapanana (Pabukon, beasiswa, jns).
Di ieu milist aya kang Eddy Nugraha ahli IT oge tiasa disebatkeun kuncen modern kabuyutan Dayeuh Luhur (patilasan sembah dalem Jaya Prakosa , anu-numutkeun sepuh ti Panaruban-gelarna Singadilaga tea). Guaran anjeunna ngeunaan elmu khusus kasundaan (tilem + ngahiyang) upama diadumaniskeun jeung hontalan jejer anu sarua ti widang agama (bil khusus : Islam) tiasa digunakeun pikeun ngarevitalisasi kapercayaan tradisi US kana Ngahiyangna Sri Baduga Maharaja. Kukituna, naon anu geus jadi kapercayaan masyarakat ngeunaan jejer ieu- luyu jeung ajen-inajen anu bisa disebutkeun universal-tiasa digunakeun pikeun mateakeun kahirupan masyarakat. Padungdengan anu anteb tur ngalenjer di milist ngeunaan Ngahiyang/Tilem tiasa janten alternatif pamadegan disagigireun sora sumbang atawa anu nyapirakeun eta kapercayaan masyarakat (upamana pamadegan: tahayul, klenik atawa mitos anu teu aya gunana, siga anu mucunghul kamari ieu dina seminar pangwangunan dina titincakan budaya lokal)
Kamotekaran para anggota milist payus upama kenging pangrojong pamarentah. Hanca garapan KUSnet danget ieu diantarana: 1) Aksara Sunda anu geus hasil dijieun program font-na dugi ka ieu aksara ayeuna tiasa diserat dina/ku komputer, 2) TQBS (tarjamaha Al Qur'an dina basa Sunda ngalangkungan internet), 3) digitalisasi pustaka baheula "Poesaka Soenda", 4) digitalisasi bahan bacaan baheula dina basa Sunda (cont: "Rusdi jeung Misnem"), 5) "Koropak" anu ngarupakeun jurnal basa Sunda online, 6) Pupuh Sunda online, sareng 7) "Wikipedia", kamus pangaweruh standar dina basa Sunda. Oge aya kaulinan barudak dina komputer (game) ngagunakeun basa jeung musik Sunda. Mangga engke oge upama diperedih dulur urang anu nyepeng pancen dina ieu garapan-garapan tiasa maparinan alamat webiste-na sareng kaayaan hanca garapanana.
Di ieu milist oge henteu sakedik dulur urang anu icikibung dina program-program dines kapamarentahan. Upamana: sosialisasi DAS Citarum Hulu ngagunakeun deukeutan budaya jeung agama ("Kabuyutan Citarum Hulu, tahun 2002). Oge ngaringkelkeun konsep-konsep pangwangunan ti mimiti "pangwangunan regional makro Jabar widang budaya", "perencanaan stratejik pangwangunan Jabar", "akselerasi pangwangunan budaya widang humaniora", "renstra widang budaya sareng pariwisata", katut ka "konsep panalungtikan ngaronjatkeun IPM ngagunakeun budaya". Ngeunaan program sosialisasi "Kabuyutan Citarum Hulu" mah malah aya anggota anu ngiring ti ngawitan midamel konsep pagawean (proposal), prak ngalaksanakeunana (survey dugi ka laporan), oge evaluasina. Sababaraha hulu cai di Citarum Hulu-ceuk manehna-heunteu sadayana kagarap ku ieu program.
Nyanggakeun pangbagea tina hate anu waning, mugi agung cukup lumur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, sok bili bahe carek, landung saur, tina ieu pangbagea.
baktosna,
manAR
On 7/7/05, setia hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hatur nuhun kana pangangken wargi-wargi sadaya..:)
sim kuring mah ti sumedangna ti tanjungkerta. ayeuna
matuh di bandung. insya Alloh ngalangkungan ieu milis
urang tiasa nyumponan paripaos:
"nu jauh urang deukeutkeun..
geus deukeut urang layeutkeun..
geus layeut urang paheutkeun...
geus paheut silih wangikeun.."
mudah-mudahan tatar sunda mah, tetep dijaring diaping
ku gusti Alloh sareng ku para luluhur urang
sadaya..amin...
bilih kagungan inpormasi dimana aya susukan atanapi
walungan anu masih seueur hurang sareng beunteurna,
mugi kersa ngawartosan, margi leres pisan karesep teh
kana nguseup sareng ngecrik, ngaprak ka sakuliah jawa
barat nu aya walunganana malih sakapeung mah dugi ka
jawa tengah oge..:P
cag ah
-aki beunteur-
________________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

