Aya anu kalangkung. Kawihna diingdingkiripik sapertos kieu...."dingdingkiripik tulang bajing kacapit kacapit ku bulu pare......kadituna hilap deui"
Aya deui sapertos kieu...."dingdingkiripik tulang bajing kacapit.....saha nu kacapit jadi ucing"
Janten sanes laguna Rhoma Irama......:D
 
 
Neng Iva

iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dingdingkiripik diulinkeuna teh nganggo panangan. Biasana anu eleh bagean anu namprakeun pananganna. Teras anu barudak anu sanesna nungjuk curukna kana pananganna. Pami kawihna beres sabisa2 anu eleh kedah meunangkeun curuk eta. Mun beunang berarti eleh bagean anu namprakna.
Pami hulahup memang sigana ieu mah jarang nya. Mung waktos abdi alit ieu aya. Malihan kadieunakeun teu ayana teh.
Tah pami bang2 kalimalima gobang mah ngawihkeuna teh bari paadu panangan bari aya tepukanana, biasana diulinkeunana ku 2 urang.
Tapi pami teu kalebet kaulinan berarti sanes. Mung asana teh nu kieu ge kalebet kaulinan barudak. Ah ketang mangga wae ieu mah teu langkung.
 
 
Neng Iva

Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asa teu mendakan dingdingkiripik, eta mah asa lagu dangdut oma irama :
 
dingdingkiripik..aaaa ... hay tulang bawang
kalau bibir digigit
sakit bukan kepalang..
 
Hulahup ge asa ka ayeunakeun, bawaan ti luar
 
Kalimalima gobang ????
 
Ieu mah kakawihan bersambung:
 
bang bang kalimalima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahai tukang bajigur gur
guru sakola desa sa
saban poe ngajar jar
jarum paranti ngaput put
putri nu gareulis lis
lisung kadua dua halu lu
luhur kapal udara ra
ragrag di jakarta ta
taun opat lima hiji ji
haji rek ka mekah kah
kahar dua rebu bu
buah meunang ngala la
lauk meunang ...
 
poho...! asa panjang keneh
 
-epi-

 

Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Sell on Yahoo! Auctions - No fees. Bid on great items.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke