|
Maen langlayangan, salah sahiji kaulinan
paporit sim kuring..... (kaasup kaulinan teu nya?). Ti budak nepi ka kolot
ngilu padungdeng, ngilu maen jeung moro langlayangan anu
eleh.
Ngapungkeunna make kenur disambung ku
gelasan "serit" (bahan tinu benang) atawa gelasan "bajra" (bahan tinu senar).
Tali timba oge kudu diatur sing bener, lamun teu kitu eta
langlayangan teh bisa "hampang" atawa "beurat" teuing ngapungna.
Gelasan anu hade biasana jieunan ti daerah
Garut.
Lamun keur usum langlayangan, sakuriling
Cicadas (komo ti St. Josoef nepi ka Cikutra) pasti loba langlayangan anu di
adu.
Jaman ayeuna mah sigana geus ampir "punah"
eta langlayangan teh. Teu rame siga baheula. Maklum ayeunamah
barudakna leuwih resep maen PS, internet, nonton tipi salain eta meureun
euweuh tempat keur maen langlayangan, loba antene tipi, kabel listrik
jeung telepon anu nyieun hoream barudak ayeuna maen langlayangan
teh.
Ari keur bujang jeung kolot mah, biasana
maen langlayangan Gombres, biasanamah gelasanna make "bajra".
Ieu mah biayana rada mahal, soalna ukuran langlayangannana kaitung
gede, saking luhur ngapungna jeung beurat talina biasana anu maenkeun
eta langlayangan make "sarung leungeun". Kadang-kadang mah narik benangna
maka "mesin puter" anu pungsina keur narik benang ka
gogolong.
Jaman ayeuna, aya loba jenis
langlayangan. Biasana di Pantai Kenjeran Jatim loba
langlayangan anu aneh aneh, aya bentukna siga oray, kompor, buta,
kalajengking, manuk. Maenkeunna biasana lain ku sorangan tapi
ku sabaraha jelema. Ieumah kaasup langlayangan hias.
cag ah...
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?> YAHOO! GROUPS LINKS
|
Title: Message
- RE: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Kusman
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Mpup
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula iva wanti
- RE: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula iva wanti
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Fathoni_Injaya
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Mpup
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula (maen... Fathoni_Injaya
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Gunawan Yusuf
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula aduyvanguard
- RE: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Waluya, Dani R
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula (maen lan... Fathoni_Injaya
- RE: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula Miih
- Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula MSasmita

