hulahup mah pan nu make rotan buleud (lingkaran), keur ngempesan 
beuteung, mun hayang langsing cnah sukses make hulahup, bari digeol-
geol, hulahupna weh nyangked lebah cangkeng... mun uing teu bisa pisan 
diajar make hulahup teh nepi ka ayeuna oge.... teuing kunaon atuh... 
meureun pedah cangkengna bebeng, da baheula keur SD-SMA mah gendut... 
saprak kuliah weh begank, ayeuna (pas nikah) gendud deui

~ipup~

--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dingdingkiripik diulinkeuna teh nganggo panangan. Biasana anu eleh 
bagean anu namprakeun pananganna. Teras anu barudak anu sanesna nungjuk 
curukna kana pananganna. Pami kawihna beres sabisa2 anu eleh kedah 
meunangkeun curuk eta. Mun beunang berarti eleh bagean anu namprakna.
> Pami hulahup memang sigana ieu mah jarang nya. Mung waktos abdi alit 
ieu aya. Malihan kadieunakeun teu ayana teh.
> Tah pami bang2 kalimalima gobang mah ngawihkeuna teh bari paadu 
panangan bari aya tepukanana, biasana diulinkeunana ku 2 urang.
> Tapi pami teu kalebet kaulinan berarti sanes. Mung asana teh nu kieu 
ge kalebet kaulinan barudak. Ah ketang mangga wae ieu mah teu langkung.
>  
>  
> Neng Iva





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke