jaman ayeuna oge masih sok seueur keneh budak nu maraen langlayangan, 
komo keur usum halodo jiga ayeuna... (tara hujan), basa kamari oge di 
garut, paurna teh mun geus moro langlayangan tuluy ka tengah jalan, 
da aya langlayangan nu kapakan.. budak teh teu nempo ka jalan, 
nempona kaluhur weh ka langit... yehhh..  komo di bandung mah seueur 
keneh pisan... 

~ipup~
(abi oge osok di luhureun imah, sanajan awewe)

--- In [email protected], "Fathoni_Injaya" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> MessageMaen langlayangan,  salah sahiji kaulinan paporit sim 
kuring..... (kaasup kaulinan teu nya?).  Ti budak nepi ka kolot ngilu 
padungdeng,  ngilu maen jeung moro langlayangan anu eleh.
> 
> Ngapungkeunna make kenur disambung ku gelasan "serit" (bahan tinu 
benang) atawa gelasan "bajra" (bahan tinu senar). Tali timba oge kudu 
diatur sing bener,  lamun teu kitu  eta langlayangan teh 
bisa "hampang" atawa "beurat" teuing ngapungna.
> 
> Gelasan anu hade biasana jieunan ti daerah Garut.
> 
> Lamun keur usum langlayangan,  sakuriling Cicadas (komo ti St. 
Josoef nepi ka Cikutra) pasti loba langlayangan anu di adu.
> 
> Jaman ayeuna mah sigana geus ampir "punah"  eta langlayangan teh.  
Teu rame siga baheula.  Maklum  ayeunamah barudakna leuwih resep maen 
PS, internet, nonton tipi  salain eta meureun euweuh tempat keur maen 
langlayangan,  loba antene tipi, kabel listrik jeung telepon  anu 
nyieun hoream barudak ayeuna maen langlayangan teh.
> 
> Ari keur bujang jeung kolot mah,  biasana maen langlayangan 
Gombres,  biasanamah gelasanna make "bajra".  Ieu mah biayana rada 
mahal,  soalna ukuran langlayangannana kaitung gede,  saking luhur 
ngapungna jeung beurat talina biasana anu maenkeun eta langlayangan 
make "sarung leungeun".  Kadang-kadang mah narik benangna maka "mesin 
puter"  anu pungsina keur narik benang ka gogolong. 
> 
> Jaman ayeuna,  aya loba jenis langlayangan.   Biasana di Pantai 
Kenjeran Jatim  loba langlayangan anu aneh aneh,  aya bentukna siga 
oray, kompor, buta, kalajengking, manuk.  Maenkeunna biasana  lain ku 
sorangan  tapi ku sabaraha jelema.  Ieumah kaasup langlayangan hias.
> 
> cag ah...





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke