*************************
Baraya.... ieu nyanggakeun hasil samentawis...sasambelan di TS... cik nu langkung haat, pangnambihankeun,.... mun seug teh baris mangfaat bisa bae di lebetkeun ka Wiki Sunda.... eta mah kumaha saena bae....

Baraya aya hiji nu rada kahot teh... ternyata....si Kang Im teh meni apal pisan kana Sambel !! ... boa-boa jualan......hehehehhehe...... sigana mah nenehna Kang Im ayeuna mah urang ganti bae jadi Juragan Sambel BaKUS... hehehhehe..... ulah pundungnya Kang Im! :PPP

Nulianna mah, si kuring titip saur kangge Kang Deny.... enya!!! pami ke aya balakecrakan deui di pondok boehoen, ieu rupaning sasambelan teh ulah hilap, supados langkung pedoxxxxxxxsss..... komo ka kuring mah, pangagehankeun bae eta goreng nila nu garing beubeunangan gugulung di galengan...hehehhehehehe

hanca,

-pun adi-
­­-----------------

1.a. Sambel Goang (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Cengek

- Uyah

- Surawung

Carana :

direndos terus galokeun kana sangu atawa di coel ku kacang panjang atah  (kumaha karesep)

b. Sambel Goang (ala Kang Hepi)

Bahanna:

- Uyah,

- Kecap,

- Minyak Jalantah,

- Cabe Beuruem

- Bawang Bodas

 

Carana :

uyah, kecap, minyak jalantah, cabe beureum, bawang bodas di rendos (tong lembut teuing), di daharna dicocol jeung sangu haneut jeung kurupuk, lamun aya goreng tempe nu panas keneh tambah nikmat

 

--------------

2. Sambel Oncom (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Oncom (meunang meuleum),

- Cengek,

- Beuleum Bawang Beureum,

- Uyah,

-  Gula,

- Cikur (lamun resep),

- Tomat.


Carana ;

sakabeh bahan dihijikeun terus direndos caian
saeutik, terus digoreng  sakeudeung teu digoreng oge teu nanaon (kumaha karesep),
lalabna cukup ku  seupan daun sampeu/daun gedang, peutey, jengkol jrrd.

--------------

 

3. Sambel Tarasi (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Tarasi,

- Gula,

- Uyah (saeutik),

- Cengek,

- Tomat,

- Bawang

- Beureum
 

Carana :

sakabeh bahan digoreng heula kacuali gula jeung uyah, sanggeus kira-kira asak terus rendos hijikeun sakabeh bahan dina coet, saterusna digoreng sakeudeung,; lalabna bisa seupan daun sampeu atawa lalab atah
oge bisa (takokak, jrrd)

 

----------------

 

4. Sambel Muncang (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Muncang nu kolot (dibeuleum heula),

- Cengek,

- Uyah,

- Gula
 

Carana:

muncang meunang meuleum di hjikeun jeung bumbu nu sejenna terus direndos dina coet (caian saeutik) ; lalabna jengkol ngora jrrd.

 

----------------

5. Sambel Jahe (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Jahe,

- Uyah,

- Gula,

- Cengek
- Kecap

 

Carana:

jahe diteukteukan laleutik terus direndos dihjikieun jeung bumbu nu liana, sanggeus rengse kecapan sacukupna (lamun resep) terus galokeun jeung lauk meunang meuleum....ehm...nikmat...

 

-----------------

 

6. Sambel Picung (ala Kang Boim)

Bahanna:

- Picung Kelewek (picung sok dikubur heula dina taneuh) rupana semua hideng

- Uyah,

- Gula

- Cengek (nu pokok)

 

Carana:

bisi picungna aya racunan mun bisa mah di leob heula ku cai haneut

 

---------------

 

7. Sambel Buah : (ala Kang Gun)

Bahanna:
- Mangga Ngora diparud (siki nah mah piceun bae),

- Cabe Beureum

- Tarasi

- Cengek

- Gula Beureum

- Uyah

 

Carana:

cabe beureum, tarasi, cengek, gula beureum jeung uyah direndos, saparantosna campurkeun
jeung parudan mangga tea, aduk nepi ka rata, biasana baturna jeung lauk beuleum........wah janten lapar yeuh.........

 

--------------------

 

8. Sambel Kecap (ala Teh Lies-Kaledonia)

Bahanna:

- Cengek

- Kecap

 

Carana:

Cengek di gerus teras pasihan kecap amis.

 

---------------

 

9. Sambel Kacang (ala Teh Lies-Kaledonia)

Bahanna:

- Suuk di goreng,

- Uyah,

- Gula Beureum,

- Bawang Bodas,

- Cikur

- Cengek

 

Carana:

suuk, uyah, gula beureum, bawang bodas, cikur, cengek di rendos.

 

---------------

 

Panambih saur ti baraya Babakan kana sasambelan teh, cenah na teh kieu :

 

Kang Hepi

Ceuk sim kuring mah , kadaharan eta karasa nikmatna lamun di dukung jeung suasana Kudu ngadaharna di saung atawa di tempat terbuka, bari nempoan sawah atawa balong Diukna bari sila tong dina korsi heug beuteungna keur lapar pisan

 

Kang Rahmat

Sambel kacang teh biasana sok dipangdamelkeun ku pun biang, diawurkeun kana sangu anu masih panas sareng ngebul, anu nembe nyat diangkat tina aseupan, anu diasakan dina hawu tea. tah eta teh waktos kuring nuju mukim di Pangalengan taun genepuluhan.

 

Kang Miih
Abdi mah mun emam sambal sok mencret, terus beuteung the sok panas,..
Terus sok buang air wae, mulesna oge meni dua poe,..
Matak abdi mah mun emam anu masakanna pedas the sok mules,...

 

Kang Runa

Wahh upami abdi mah, teu raoseun upami tuang teh teu sareng sambel, eta pokoknamah kedah we aya sambel anu ladaaaa.....asa seger kana badan. Inti namah resep pisan kanu lada-lada teh...
 

Abah Kasep

Dupi sambel tomat di Bandung mah disebut sambel calonya? Pun biang mun ngadamel sambel calo teh manii duhhhh....

***********************
------
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke