Insya Alloh dina dinten Jumaah ping 15 Juli 05 tabuh 15.00 dugi ka 17.00, Kusnet diwakilan ku si kuring, Kang Oman Manar, Teh Neny, Kang Soni sareng Kang Dipa bade siaran deui di Radio Antasallam Bandung, sigana ieu siaran bakal maneuh unggal dinten Jumaah, anu dibahas bade tematis nya nyandak tina padungdengan anu nuju rame di Kusnet, hanjakal MJ teu tiasa ngiringan da ka Pangandaran.
Kanggo kaping 15 Juli bade nyandak tema Kadaharan Sunda tangtu we bakal patali sareng kaayaan lingkungan, budaya sjte, pedah we kamari mah di Kusnet rame dibahas tuangeun samisal kurupuk jste, atuh Teh Neny gaduh pangalaman waktos di Houston sok ngaredok leunca (duka leuncana mah ti mana tah..).
Kanggo referensina mah urang nyandak tina buku 1. Makanan :Wujud, variasi, fungsi serta cara penyajian pada Orang Sunda/PdanK/1986, 2. Lalab dalam budaya dan kehidupan masyarakat Sunda/Unus Suriawira/Granesia/1987, 3. tina padungdengan Kusnet "rupa rupa kurupuk", tangtos ieu ge bakal dipakaitkeun sareng kadaharan anu "cepat saji" naha kadaharan Sunda leuwih unggul atanapi sabalikna.
 
Bilih baraya sadayana utamina nu di Bandung bade mairan diantos pisan dina waktosna sareng batuan bilih aya patarosan anu hese ti kaum dangu, atuh bilih baraya bade ngiringan ge mangga malih urang bagi bagi we bagilir unggal minggu.
Ieu kagiatan teh ngarupikeun gawe bareng antawis Kusnet sareng Radio Antasallam sok sanaos teu acan di-formalkeun
Jumaah payun Insya Alloh urang bahas kaulinan barudak, naha aya keneh model ehon berod atanapi tos kadeseh ku game PS/ Komputer...?!
 
MSasmita
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke