Enya kuring teh ketua RT di padumukan kuring.
Nu jadi kasang tukang pangna kuring daek jadi Ketua RT teh ngarasa diangsonan ku Kusnet, caritana mah kieu :
Asana ti saprak kuring ngiluan Kusnet taun 2000 sok mindeng kapireng aya tulisan anu nyebutkeun peran Urang Sunda dina widang pulitik mah kacida leutikna, harita dicontokeun ku komposisi anggota DPRD Jabar anu 70% lain urang Sunda, ieu teh kabade tina ningali anu icikibung dina partey majarkeun Urang Sunda mah arang langka anu jadi kekentongna tong boro tingkat nasional tingkat wilayah/ propinsi bae geus kacolong ku batur.
Harita aya sababaraha alesan anu bijil, aya nu nyebutkeun urang Sunda mah teu resepeun padu regeng, urang Sunda mah teu resepeun pagedrug, aya oge anu nyebutkeun urang Sunda mah geus miheulaan jaman dina sikep pulitikna lantaran leuwih mentingkeun kualitas batan padu regeng anu dina enas-enasna mah lir marebutkeun paisan kosong.
Malah aya postingan anu togmol nyebutkeun yen urang Sunda mah hese jadi pamingpin, tong boro jadi pamingpin partey dalah jadi Ketua RT we loba nu mugen.
Tah tina tulisan siga kitu kuring jadi asa kaangsonan, atuh waktu aya nu nunjuk kuring jadi ketua RT teh teu tatanya deui beledag we kuring nyebut daek...henteu we bari kokotak .."...aing Urang Sunda sanggup jadi Ketua RT...!!"
Sanggeus kuring disahkeun jadi Ketua RT, isukna kuring posting yen kuring meunang kasinugrahan jadi Ketua RT, teu..teu sakabeh urang Sunda mugen.
 
Baraya....hampura ieu tulisan kacida cetekna, naon atuh reueusna jadi ketua RT, naon hesena jadi ketua RT asal daek budak satepak ge bisa, euweuh anu kudu diagulkeun, enya kitu pisan malah sabalikna jadi aya gawe, jadi cape...kaasup cape hate.
Ngan dibalik eta keur kuring mah aya hal anu positipna, diantarana loba silaturahmina jeung didieu dina alam nyata diujina jadi pamingpin teh nu kalan kalan euweuh dina teori ti sakola.
Aya alusna barudak ngora urang Sunda daraek jadi Ketua RT, Ketua RW, Ketua Partey jeung ketua ketua sejena, ambih dina prungna padungdung teu nyebut..."mangga di payun, wios abdi mah didieu bae..." bari cle diukna teh pangtukangna, geus waktuna nyebut teh..."..punten kapayunan..." teu tinggaleun adab bari maju tandang dangah makalangan, teuneung ludeung.
 
Geus ah....!!
 
MSasmita
( bae butut ge ah ma'lum kelas RT)
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke