Sanaos teu acan kantos pendak, bade ngahaturkeun wilujeng janten 
Ketua RT uwa (?) Sasmita. Sapagodos ka "sikap pulitik" teh. Langkung 
ti nu diserat di handap, numutkeun abdi mah ayeuna waktosna jalmi2 
nu sae nu majeng kapayun. Moalenya bade saterasna masrahkeun nasib 
ka jalmi2 teu pararuguh.

Ketua RT teh sanes nu pangabotna? Pan kedah janten tuntung tumbak nu 
langsung mayunan 'konstituen'. Komo deui di pikotaan nu kacida 
heurin ku tangtung sareng tangtungan alias multicultural tea? 
Wilujeng nanjeurkeun amanah sareng kasaean.

hapunten bilih aya lepat carios
baktos
y 

--- In [email protected], "MSasmita" wrote:
> Enya kuring teh ketua RT di padumukan kuring.
> Nu jadi kasang tukang pangna kuring daek jadi Ketua RT teh ngarasa 
diangsonan ku Kusnet, caritana mah kieu :
> Asana ti saprak kuring ngiluan Kusnet taun 2000 sok mindeng 
kapireng aya tulisan anu nyebutkeun peran Urang Sunda dina widang 
pulitik mah kacida leutikna, harita dicontokeun ku komposisi anggota 
DPRD Jabar anu 70% lain urang Sunda, ieu teh kabade tina ningali anu 
icikibung dina partey majarkeun Urang Sunda mah arang langka anu 
jadi kekentongna tong boro tingkat nasional tingkat wilayah/ 
propinsi bae geus kacolong ku batur.
> Harita aya sababaraha alesan anu bijil, aya nu nyebutkeun urang 
Sunda mah teu resepeun padu regeng, urang Sunda mah teu resepeun 
pagedrug, aya oge anu nyebutkeun urang Sunda mah geus miheulaan 
jaman dina sikep pulitikna lantaran leuwih mentingkeun kualitas 
batan padu regeng anu dina enas-enasna mah lir marebutkeun paisan 
kosong.
> Malah aya postingan anu togmol nyebutkeun yen urang Sunda mah hese 
jadi pamingpin, tong boro jadi pamingpin partey dalah jadi Ketua RT 
we loba nu mugen.
> Tah tina tulisan siga kitu kuring jadi asa kaangsonan, atuh waktu 
aya nu nunjuk kuring jadi ketua RT teh teu tatanya deui beledag we 
kuring nyebut daek...henteu we bari kokotak .."...aing Urang Sunda 
sanggup jadi Ketua RT...!!"
> Sanggeus kuring disahkeun jadi Ketua RT, isukna kuring posting yen 
kuring meunang kasinugrahan jadi Ketua RT, teu..teu sakabeh urang 
Sunda mugen.
> 
> Baraya....hampura ieu tulisan kacida cetekna, naon atuh reueusna 
jadi ketua RT, naon hesena jadi ketua RT asal daek budak satepak ge 
bisa, euweuh anu kudu diagulkeun, enya kitu pisan malah sabalikna 
jadi aya gawe, jadi cape...kaasup cape hate. 
> Ngan dibalik eta keur kuring mah aya hal anu positipna, diantarana 
loba silaturahmina jeung didieu dina alam nyata diujina jadi 
pamingpin teh nu kalan kalan euweuh dina teori ti sakola.
> Aya alusna barudak ngora urang Sunda daraek jadi Ketua RT, Ketua 
RW, Ketua Partey jeung ketua ketua sejena, ambih dina prungna 
padungdung teu nyebut..."mangga di payun, wios abdi mah didieu 
bae..." bari cle diukna teh pangtukangna, geus waktuna nyebut 
teh..."..punten kapayunan..." teu tinggaleun adab bari maju tandang 
dangah makalangan, teuneung ludeung.
> 
> Geus ah....!!
> 
> MSasmita
> ( bae butut ge ah ma'lum kelas RT)




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke