Waktu aya barudak ti Majalah Jejaring (majalah ekonomi anu medal di Bandung terbitna sasasih sakali), barudak teh duaan awewe jeung lalaki, ngobrol kaditu kadieu, inyana tatanya hal rumah baca, cenah mah ieu hasil ngobrol teh rek dimuat dina Jejaring bulan Agustus Nu lalaki nanya ari hartosna "urang" didieu teh naon naha orang/ jelema atawa kami, kuring sarerea, kuring teu kapapanjangan ngajawab tinggal metot buku KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) sina dibaca, bari nanya "...gaduh buku kieu..?", manehna ngajawab henteu, kuring ngomong deui "...cik atuh ari ngaku urang Sunda mah kudu aya KUBS entong kamus basa Inggris bae...!", manehna ngaheheh..! Ceuk KUBS urang teh ngabogaan 4 harti nyaeta a. jelema, saurang - jelema sahiji, urang Sunda- jelema anu asalna ti Sunda. b.kuring atawa kuring sarerea, c. pangajak - Urang ulin yu...., d.(rada lemes tina kecap maneh, silaing).
Kecap Urang Sunda dina milis (Kusnet), tangtu hartina jelema anu asalna ti Sunda. Kuring kungsi maca majarkeun harti kecap Sunda teh aya kana 25na, kabeh ge aralus, samodel nur, cahaya, wanian jste, reueus ku harti kecap Sunda, kitu deui ageman urang Sunda kabeh ge alus (saperti anu dipedar ku Kang Agus Wirabudiman Sastra Jendra), ngan hanjakal di jelema-na teu kabeh alus, da lamun alus kabeh mah kuduna urang Sunda mah euweuh nu korupsi, euweuh nu basilat jste. Sigana lamun urang Sunda kapanggih basilat, korupsi alusna mah dipecat tina jadi urang Sunda, ceuk cenah ayeuna geus loba para pangagung anu asalna ti sunda tapi teu pati maher ngagunakeun basa Sunda sigana eta teh alatan sok basilat tea atawa pedah harti Sunda loba teuing jeung alus kabeh jadi weh beurat ku ngaran nu antukna sok jadi kolomero, keuna ku kacapangan lamun budak mindeng geringan geuning sok diganti ngaran. MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

