Kang
Didi,
Abdi
gaduh usul :
- Konsep Pilemburan :
- Umpami baduy mah terlalu tebih
dijangkauna, sekedar usul ieu mah, panginten daerah CIKOROMOY Padeglang
i.
Pertimbangannana,
1.
nuansana lembur pisan,
2.
aya lapangan parker,
3.
seur balong,
4.
pemandian citiis,
Catetan tonk bentrok sareng musim ziarah, margi didinya aya tempat
ziarah batu qur’an.
- Konsep Konvensional : Daerah
Anyer.
- Pertimbangan :
i.
Gambil di jangkau kendaraan.
ii.
Henteu terlalu protokoler, vini-vidi-vici…(
henteu ngaririweuh batur ).
Mung
ayeuna tergantung kana waktosna, naha
sadinten beres atanapi kumaha ?
Kahatur Kang Nanang Ndoel nu Ndoel-Ndoelan, kang
Gunawan sareng kang Lukman,
oge baraya kusnet sadaya, abdi gaduh
ide/masukan/usul kangge
kopdar/kongres+halal bihalal nu aya patalina
sareng pancen abdi salaku tim
survey banten, abdi tos gaduh gambaran pilihan
daerah diantawisna:
- Konsep Pilemburan : Dilembur baduy rangkas
bitung atanapi di Pandeglang
- Konsep Konvensional : Di Kemah Mobil daerah
sangiang Labuan.
Rangkas bitung, pandeglang sareng labuan gampil
diaksesna, boh kana kareta
boh kana mobil.
Kanggo seksi transfortasi abdi gaduh usul kumaha
upami dibentuk korwil
(koordinator wilayah) sapertos wilayah tangerang
dikoordinatoran ku saha nya
kitu deui bogor,
bekasi bandung,
jste, termasuk diluar jawa barat atanapi
diluar indonesia. tah sakitu wae usul ti
abdi
Kangge kang Gunawan sareng Kang Lukman diantos
saran sareng Ide-na kumaha
tah kang?
Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi
Message:
3
Date: Mon, 01 Aug 2005 02:53:21 -0000
From: "ndoell"
<[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Laporan Kagiatan Kopdar - 31 Juli 2005 di
Jl. Langsat
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu,
ping 31 Juli 2005 di
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran,
alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan
naon-naon.
Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina
usulan-usulan ti anu
haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat
sareng konsep nyaeta :
- Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu
leubeut ku nuansa
kahirupan pilemburan; atanapi,
- Konsep Konvensional : diayakeun Gedong
Pertemuan, Villa, Tempat
Rekreasi, jsjbn
kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng
dumasar kana sababaraha
pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu
gaduh pancen kanggo
milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal
Bihalal dina
waktos sasasih, nyaeta :
- Bogor
: Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca
- Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang
Didi
- Jakarta
: Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri
- Bandung
: Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva
anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen,
kumargi ieu teh tos
janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim
Survey, tiasa
kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta.
- Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga
ngajapri ka Teh Imas
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS