Sae pisan paweruh ti ki mh teh, nuhun pisan tos ngabagi elmu panganteur kecap ka simkuring jeung parakanca sadayana. Nya ieu pisan nu di-antos2 ku sarerea, ambeh ningkatkeun kualitas basa Sundana nu nyarerat dina ieu milis...
Wassalam,
Mustakim

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kecap "ki" di sababaraha daerah, jiga di Garut lembur
kuring, maksudna lain singketan tina "aki-aki". Tapi
pikeun panganteur kecap ganti lalaki. Upamana wae,
dipake dina frasa "ki silah", "ki adi", "ki hasan",
"ki dulur", "ki alo" jeung sajabana. Dina eta frase
lain hartina "aki-aki silah", "aki-aki adi", jeung
saterusna. Aya baturna "ki" teh, nyaeta "ni". Eta oge
lain asalna tina "nini-nini", tapi pikeun panganteur
kecap ganti awewe, jiga dina kecap, "ni panganten",
"ki panganten", jeung sajabana.

Salam,
MH

--- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hampura wae atuh ka sarerea yen simkuring tos
> ngangge kekecapan "ki", nu teu mararenah tea
> kakupingna ku parakanca sadayana.

> Teu aya maksad nganggap sasaha geus aki2, ngan dina
> hal ieu mah meureun langkung caket kana singkatan
> "kiayi", sanes "aki2", sanajan simkuring sorangan
> rada pantes disebat aki teh kumargi tos incuan tea
> kapan...

> Nuhun Cep Didi sareng Mas Joko kana piweruhna...

> Mustakim
>
> Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nambihan bah Jaka
> eta teh namina basa wewengkon, basa nu bisa kaharti
> di wewengkon eta wae,
> tacan tangtu diwewengkon nu lian ngartieun. Diserang
> banten aya kecap Nyai
> dilarapkeun ka istri/awewe nu tos sepuh (nini)
> sedengkeun diwewengkon nu
> lian mah Nyai teh dilarapkeun ka budak istri/awewe,
> lain ka nini-nini.
>
> Have a nice day &
> Best Regards
> Kang Didi
> essage: 24       
>    Date: Sun, 31 Jul 2005 22:56:01 -0700 (PDT)
>    From: joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: tes
>
> Punten bade tumaros ke Kang A.M. Ardipradja.
> Kecap "ki" panempatan pasna teh di mana? Margi di
> daerah abdi mah di Majalengka (Kadipaten), kecap
> "ki"
> teh mung digunakeun kanggo anu tos sepuh (aki-aki),
> jadi singkatan ti "aki" jadi "ki".
> Jembarna kadaerahan basa teh dipalebah dieuna.
> Mungkin (Meureun/Panginten)
> di daerah ngagunakeun istilah atanapi hiji kecap teh
> tos ilahar, tapi di daerah sanes mah teu aya.
> Contona
> kecap "teoh mung aya di daerah wetan,
> mungkin(Meureun/Panginten)
> ti
> Kadipaten/Majalengka ka Cirebon; sedengkeun ti
> Sumedang (wates Kadipaten) ka Bandung mah mung
> terang
> kecap "handap".
>
> Jaka


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke