“Pemimpin masyarakat Adat Sunda Wiwitan Jatikusuma mencoba mengetuk semua pihak agar dalam soal keyakinan tidak terjebak dalam kelembagaan karena sebagai buatan manusia lembaga seringkali terjebak dalam kepentingan, misalnya politik”

 

Punten , umpami ngaos artikel dihandap, yen sunda wiwitan ieu dianggem ku urang baduy, dupi ari anu di maksad masyarakat Adat Sunda Wiwitan sapertos sempalan artikel di luhur ieu, KUMAHA ?

 

Punten ka sadayana abdi hoyong terang, anu dimaksad Masyarakat Adat Sunda wiwitan the anu mana jeung dimana ? atanami sami sareng anu disebat KEJAWEN ?

 

Hatur nuhun.

 

Baktos

 

Lukman


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of oman abdurahman
Sent: Thursday, August 04, 2005 9:49 AM
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] buku sunda wiwitan

 

Sunda wiwitan, sapalih tos diserat ku MJ, hatur nuhun. Rujukan sanesna tiasa diantosan pedaranana Kang Engkus atawa Kang Indra, mangga dihaturanan. Rujukan sanesna ngeunaan Urang Baduy (dilebetna tiasa diaos oge ngeunaan Sunda Wiwitan) tiasa dipilarian dina buku "Orang Baduy", seratanana Kang Yudistira Garna (hapunten upami lepat nyerat namina), dosen antropologi Univ. kebangsaan Malaysia, lulusan UNPAD, muridna Dr. Kusnaka Admihardja. Ieu buku anu dipedalkeun  tina thesis Kang Garna di perpustakaan Unpad rupina sayogi.

 

 

Baktos

manAR

 

On 8/4/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

IEU kuring boga arsip ngeunaan sunda wiwitan. Nyanggakeun. Ari
bukunamah kuring teu terang.


From: mj
To:
Subject: [UrangSunda] AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
Date: Tuesday, December 16, 2003 10:43 AM

AGAMA  & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI


Nu ngagem:
Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy).  Kanekes teh ngaran hiji tempat
di Banten.

Ngaran Agama & Kapercayaan:
Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati. Ngaran sejen:
Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)

Ngaran Pangeran:
Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha Menghendaki).

Sebutan sejen:
Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa),
Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam)
Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)

Tempat Pangeran:
Buana Nyungcung

Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra, Yama,
jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.

Konsep Alam ceuk 'mitologi' atawa 'kosmologi' urang Kanekes aya tilu:
1.      Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
2.      Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup tangkal
jengkol jeung peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo, tumbila,
jeung sajabana)
3.      Buana Larang , naraka. Panghandapna.

Antara Buana Nyungcung jeung Buana Panca Tengah, aya 18 lapisan (langit
tea meureun). Lapisan pangluhurna, ngarana Buana Suci Alam Padang, nu ceuk
koropak 630 (sigana nomer lomari paranti nunda naskah kuno di Arsip
Nasional Jakarta) disebut Alam Kahiyangan atawa Mandala Hiyang, tempat
linggihna Nyi Pohaci Sanghiyang Asri jeung Sunan Ambu.  (Sunan Ambu ieu
ayeuna dijadikeun ngaran gedong teater di Sekolah Tinggi Seni Indonesia
Bandung (STSI) Buah Batu.

Sang Hiyang Keresa nurunkeun tujuh batara di Sasaka Pusaka Buana. Nu
pangkolotna, Batara Cikal, dianggap karuhun urang Kanekes (Baduy). Turunan
batara sejenna marentah di daerah Karang, Jampang, Sajra, Jasinga,
Bongbang, Banten.

Kapangaruhan Hindu Saeutik
Mun noong ngaran2 batara ('utusan' Sang Hiyang Keresa: Wisawara,  Wisnu,
Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan urang
Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.

Buana Panca Tengah
Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat
kasucianana:
1.      Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeung
Sasaka Domas (atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
2.      Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
3.      Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat Banten
4.      Banten, jadi pusat Sunda
5.      Tanah Sunda
6.      Luar Tanah Sunda

Aturan Hirup:
Titahan jeung Pamali (basa urang dinya, Buyut)  ti karuhun. Kabuyutan,
tempat nu ngandung rupa-rupa pamali. (Teu meunang anu, teu meunang anu
tea-.)

Ritual/Upacara:
ngukus,
muja,
ngawalu,
ngalaksa.

Muja
Muja diayakeun di Sasaka Pusaka Buana  jeung Sasaka Domas dina waktu nu
beda. Di Sasaka Pusaka Buana sataun sakali, lilana tilu poe, tiap tanggal
16, 17, 18 bulan Kawolu (bulan kalima numutkeun sistim kalender Urang
Kanekes.  US boga sistem kalender sorangan tah!). Muja dipingpin ku Puun
(sigana sarupaning kepala adat) Cikeusik, jeung jalma2 kapercayaanana
(baris kolot-sesepuh meureun). Poe kahiji, rombongan upacara angkat ka
ranggon (Talahab- saung). Ngendong di dinya. Isukna, mandi jeung karamas,
terus angkat ka ka Sasaka Pusaka Buana ti arah kaler. Upacara muja
dilakukeun di undakan kahiji, ngadep ka pasir/bukit SPB, nepi ka tengah
poe. Terus mersihan salira, bari memeres palataran undakan. Beres kitu,
ngumbah leungeun jeung suku ti batu Sang Hiyang Pangumbahan. Terus naek ka
puncak pasir/bukit. Di dinya rombongan ngala lukut nu napel dina batu.
Lukut (lumut) eta disebut komala (permata), dibawa mulang jeung dipercaya
bisa ngadatangkeun berkah jang nu merlukeun.

Buyut/Pamali
Aya dua jinis:
1.      Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung jero).
Buyut ieu pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna/rinci
2.      Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka (warga
Kanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping atawa
Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu kaci.

Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:
a.      melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
b.      melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
c.      melindungi tradisi

Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala
Kanekes, karena ti samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya deui
karajaan nu ngalindungi. Malah sok aya pertentangan kapentingan antara
urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge pamarentah kolonial. Tah,
ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali atawa buyut!
Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.

Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut: di
kaluarkeun/dipiceun/ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nu
tangtu, biasana 40 poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.

Konsep Daur Hirup
Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca
Tengah angges, sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea meureun!).
Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina rahayu,
alus, balik oge kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan loba
buyut/pamali nu dirempag, nya ka naraka. Alus gorengna sukma waktu rek
mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana Panca Tengah saluyu jeung
tugas hidup masing2. Dina raraga mancen tugas, sukma dibekelan 10 indra.
Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!

Geus ah, cape euy!
-------------------------
Catetan:
Meunang niron ti  Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan
Sejarah), Pustaka Jaya, 1995. (Bukuna  meunang nginjem ti Arie Kusuma
Argadipa, urut mahasiswa si kuring, teu kaburu dibalikeun, da si eta na
geus lulus manten, hehe-)


mj
geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Thursday, August 4, 2005, 7:54:11 AM, you wrote:

> Punten numawi aya anu gaduh buku atanapi artikel ngeunaan SUNDA WIWITAN.
--
Best regards,
durahman                            mailto:[EMAIL PROTECTED]


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
<font face=arial size=-1><a href="" href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hi548gi/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123127063/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http:/www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail"> http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hi548gi/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123127063/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke