Daeng*) Iwa....haturan,
Mangga ke upami pareng tepang bade dihaturkeun titip salamna. Numawi, anjeunna teh tos rada langki ngalongokan ka milist. Nyakitu tea, sanes teu emut ka urang sadaya, namung jalaran kasehatanana anu tos henteu ngamungkinkeun idek liher lami di milist.
Sakapeung si kuring sok mikir, keur pantaran pangersa Abah Surya anu sakitu parantos kasaksian ku urang sadaya payus pisan salaku narasumber kasundaan, oge kana teknologi internet inyana parantos wanoh, asa pantes pisan upama aya anu maparinan akses kana internet kalawan lugina. Maksud teh, ngalamun, hiji waktu Abah Surya aya anu maparinan akses ka internet di bumina langsung supados sakalieun posting atawa ilubiung dina milist teh anjeunna henteu kedah angkat-angkatan ka nu tebih sapertos ayeuna didugdag ti bumina di Sukasari (Ujungberung) ka
sundanet.com di Sukasenang (Cikutra).
baktos,
manAR
On 8/4/05, iwa cyber <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ambuing..ambuing..Kang Manar, punten nitip salam ka Abah Surya,..salam tansah, baktos kapihatur puhunyuk panjenengan ti pun iwa,..naha kamana atuh ka mana inyana taya deui 'mucunghul' di mayapada ieu?? ambing..ambuing..
iwa,..kujangputra
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Dani, oge baraya sadaya,Ngeunaan naskah LK sigana tos kapendak/kenging nya? Sakumaha ti Kang Dur atanapi ti Mh dina alamat ieu: http://www.urang-sunda.or.id/koropak/e200412.htmlDina file nangkod, kasanggakeun aya 2 naskah gending karesmen (GK) yasana Abah Surya. Mangga, pamugi aya manfaatna. Ka para wargi anu mailbox-na kapinuhan teuing ku ieu file nangkod, hapunten anu kasuhun.Saleresna, aya hiji deui naskah gending karesmen ti abah Surya dina pabetekan si kuring. Anu ieu mah naskah waktos anjeunna kapeto kedah midamel gending karesmen kanggo ngawastu (ngistrenan gelar adat) Gubernur Jambi (anu-salah sawios istrina- urang Sukapura) nganggo adat budaya Sunda. Naha aya anu peryogi naskah anu ieu? Mangga upami aya anu peryogi ke bade dipostingkeun.baktos,manAR
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture Hispanic culture Jewish culture Organizational culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

