Ti dinten Senen dagang kost-an nyebarkeun brosur kost di kampus Unpad Dipati Ukur, ka mahasiswa baru (husus wanoja).. Ari bada lohor keur megat beus ka Jatinangorkeun, ditlp ku teteh (lanceuk nu ka-1), cnah kudu buru-buru ka RS Al Islam lante 2, da rek ngalahirkeun, daripada wangsul ka Jatinangor nu cenah macet, sabab jalanna ditutup (keur aya Pa SBY di STPDN).. Nya ti Dipati Ukur teh naek angkot Riung Bandung- Dago ka RSAI-keun.. (mun tiap ka RSAI teh sok emut ka punbapa nu ngantunkeun didinya, sareng sok emut oge ka Pa dr. Dadang Rukanta), ngadedekluk we di Ruang Transfer, ngantosan si Teteh nu keur diinduksi, da teu aya karaos mules, tapi kedah dinten eta ngalahirkeun.. Dugi ka jam 10 wengi di RS teh, wangsul wae ka bumi.. dugsek, da cape meureun.. Jam 4 lilir, ngasms ka Teteh, naha geus lahir atawa acan, cnah mah tos lahir tabuh 23.20, budak awewe, 2,85 kg, 50cm.. Wah boga deui alo euy!..
Enjingna tos tiasa mulih ka bumi, sabada diparios heula ku dr. Nya mulih ka bumi, budakna oge indung budak.. Asa cape puguh, sadidinten dagang kost-an, nu alhamdulillah dinten ieu mung sakamar deui nu nyesa.. Nembe tiasa ngarenghap, sareng tiasa onlen deui.. Tos ah, panjang teuing ~ipup~ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h9o4bu1/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123768073/A=2896112/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

