Saena mah surelek ieu diarsipkeun, kanggo bahan
laporan kagiatan Pabukon yayasan Perceka. Upami tos
seueur, tiasa didamel buku, kanggo para calon sponsor
anu berminat bade nyumbang.
Aya implik-implikna, usul ti sim kuring, upami tiasa
mah riwayta hidup singkat anu ngokolakeun pabukon eta
oge diserat rada daria, kanggo tambihan buku laporan.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para Wargi KUSNET sadunya
> Sok sanaos rada telat teu he-love Pribados
> ngahaturkeun wilujeng
> boboran siam, sakantenan bade neda pengapunten ti
> sadayana
> sok bilih aya seratan anu matak teu genah kana
> manah
punten
pisan
>
> Iwal ti eta, bade laporan hasil kunjungan ka Pabukon
> PERCEKA di
> Banjar
> Buku anu kantos dikintunkeun ayeuna tos disimpen
> dina Rak sakumaha
> mistina,
> Dina raraga Ramadhan sok seueur anu ngahaja dongkap
> kadinya bari
> ngabuburit..
> Buku anu dipikaresep sesuai sareng segmen-na masing
> masing :
> 1. Kolot : anu dibaraca teh Mangle, Bodor, Agama
> jeung buku-
> buku heubeul.
> 2. Barudak : Pengetahuan umum, pangalaman orang
> sukses,
> penelitian.
> 3. Murid : Refrensi buku-buku sunda disesuaikeun
> sareng
> tugas ti Sakola.
>
> Unggal anu dongkap diwajibkeun ngeusi buku tamu,
> dugi ka Kaping 1
> November 2005 teh aya kana ratusna anu tos darongkap
> ka eta Pabukon.
> Aya budak duaan anu meh unggal poe saba'da mulang
> sakola sok didinya
> wae ngadon maca, buku baceun karesepna geus meh
> erep, sakapeungmah
> sok ngajak babaturanana ka Pabukon lamun aya tugas
> Bahasa Sunda ti
> Sakolana,
milarian referensi.
>
> Bapak Aang pacabakananan di Proyek Citanduy, atuh
> Ibu Aas (istrina)
> janten Dosen di SD Pataruman, upami enjing-enjing
> eta Pabukon sok
> dititipkeun ka tatanggina bilih aya anu dongkap,
> geuning dilemburmah
> ilahar keneh masrahkeun konci bumi ka tatanggina
> bari sakantenan
> pang-nungguan-keun
.
>
> Aya pameredih ti Ibu Aas, upami aya deui anu bade
> nambihan
> kahoyongna teh buku-buku Dongeng, Carita Rakyat/
> Legenda, Mangle,
> Bodor, Agama, Ilmu penegetahuan, Penelitian jeung
> buku pellajaran di
> sakola cenah.
>
> Pabukon teh namina Pabukon "PERCEKA" , ngan teu acan
> nganggo Plang
> cana aya waragadna cenah, aya oge salah sawios LSM
> didinya bade
> nyumbang Plang- ngan namina hoyong sakahayang
> manehna, ku Ibu Aas
> ditolak.. engke wae ngadamel nyalira cenah....
>
> Keun Sabar ... Ibu ke aya ti Kang Wibowo BI
> Jakarta..
>
> Naon deui nya ???..... ah cag heula
..
> Foto-foto bade langsung dipasihkeun ka Kuncen
> (waktos Kongres) sina
> dilebetkeun kana database Foto..
>
> Wassalam
>
> Mamatrachmat mantan jajaka kapaksa
>
>
>
>
>
>
>
>
__________________________________
Yahoo! FareChase: Search multiple travel sites in one click.
http://farechase.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/