Teh Titi, mangga geura waler ieu serat ti kang SR... Cnah kudu mapay 
jalan cipularang.. Dugi ka cileunyi kitu?? da kang Syam mah brasna 
kadituna ge ka Sumedang.. 

~ipuP~

--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur,
> Rai anu pangbageurna sadunya
> 
> Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,bingah pagalo sareng 
kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna lantaran tos lami dianti 
anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana jajantung, 
ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan 
kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora 
galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh 
akang kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah 
teu rumaos ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka 
danget ayeuna masih dipaparin jagjag waringkas teu kirang nanaon, 
ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas kapungkur ku salira 
digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten aya nu 
hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta mah teu 
langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat eta,panginten 
salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang salami ieu.
> 
> Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung, miara karempan, da 
akang mah ti baheula ge tetep satia, moal  sulaya kana jangji komo 
deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta dipangumbaraan 
seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate akang 
tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan 
paanggang aya dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh 
paanjang-anjang. Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa 
karindu dugikeun ka ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan 
ukur dina impian, ukur jeung anjeun.
> 
> Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi, sasih nu ku urang 
dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina iketan laki 
rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos raos. 
Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih 
asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, 
naha leres cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang 
buktikeun dina mangsa peuting munggaran. Ehem !
> 
> Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu ondangan,juru rias, 
orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan, akang 
pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang 
rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai 
ka abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah 
sakantenan masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun 
honda jazz-na, tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna 
sadunya !"
> 
> Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu, bade wakca tiayeuna 
margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa rindu, 
rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy 
bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang 
susuguh. Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan 
urang cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. 
Keun ulah kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab 
rumetuk sareng nu ngolebat ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan 
sosonoan. Salajengna hayu urang nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-
ayanggung, leumpang paduduaan mapay mapay jalan Cipularang. Kumaha 
kersa ? Naha geuning bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh pinuh 
pangorbanan, pajar atuh kaasih teh taya pisan ka pamrih.
> 
> Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa 
nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung dina sasih 
rayagung ! Mugia !
> 
> Nu nganti dipangumbaraan






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke