Kang Dudi,
 
Hampura nya, si kuring mah lain ahli seni musik, komo seni musik Sunda anu kawilang hese cenah (lebah kacapian jeung nyuling, hese kacida). Naon buktina hese? Anu tiasa ngacapi leuwih saeutik tinimbang anu bisa ngagitar.
 
Urang make cara awam wae nya, siga kuring anu teu apal. Lamun diitung-itung tai lutung, kasenian Sunda dina lebah lalaguan atawa kawih, tina darajat anu panghesena nepi ka panggampangna dina maenkeunana, ceuk ijiran si kuring,  aya Tembang Sunda Cianjuran (skapeung disingget: Cianjuran), Kacapi Suling, Kiliningan, Degung, jst. Eta teh jenis-jenis kasenian anu kira-kira sagolongan (naon dasar ngagolongkeunana....duka...ulah poma ulah diudag, bisi kaberik kateunyahona :)).
 
Kira-kira - lamun salah hampura da lain ahlina - tembang Sunda atawa Cianjuran teh ibarat musik klasik di Barat. Jadi, kurang leuwih, kacapi suling leuwih ngepop tinimbang Cianjuran (alieung...aya ku hese ngajelaskeunana, bubuhan lain ahlina). Aya cara anu kawilang gampang pikeun ngabedakeunana: masing mindeng bade ngadangukeun eta dua jenis musik (Cianjuran jeung Kacapi Suling), tinangtu baris kapendak geura naon bedana (perkara teu bisa nyaritakeunana, keu wae da teu kudu dicaritakeun wae pangaweruh teh ....hehehe...alesan nu teu nyaho tea...loba pisan). Dimana bedana? dina dadanguan :).
 
Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara maenkeunana, wirahma lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang pamadeganana.
 
baktos,
manAR 

 
On 12/7/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Elmu anyar elmu anyar..
ari sugan teh sarua, mang, geuning beda he he he he
salila ieu kuring nganggap sarua we da
 
sok ah naon bedana teh kacapi suling jeung cianjuran teh?

tur nuhun..
 
On 12/7/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Hapunten anu tadi kapencet, kawantu di gmail :)
 
"Salam Manis" muhun, karya Mang Koko. Ngan, rumpaka (lirik)-na duka kenging saha, si kuring teu patos apal. Ngan, deui, "Salam Manis" ceuk kuring mah dina wanda kacapi suling dihaleuangkeunana teh, sanes (tembang Sunda) Cianjuran.
 
baktos,
manAR

 




--
"keindahan dan kekejaman,
mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?"
(burung-burung manyar, yb. mangunwijaya)

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke