Hatur nuhun mang Oman,
 
nambahan elmu kuring yeuh, (salah sahiji kauntungan cicing di bakus).
Mang, sakitu ge ceuk kuring mah eMang teh ahli he he he he...
 
sakali deui hatur nuhun Mang,
 
 
:::dh:::
nu cologog tea
bubuhan kuring mah urang sunda teh ngan judulna wungkul, cicing di babakan teh alhamdulillah jadi eusian kawilang munel.
 
On 12/7/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi,
 
Hampura nya, si kuring mah lain ahli seni musik, komo seni musik Sunda anu kawilang hese cenah (lebah kacapian jeung nyuling, hese kacida). Naon buktina hese? Anu tiasa ngacapi leuwih saeutik tinimbang anu bisa ngagitar.
 
Urang make cara awam wae nya, siga kuring anu teu apal. Lamun diitung-itung tai lutung, kasenian Sunda dina lebah lalaguan atawa kawih, tina darajat anu panghesena nepi ka panggampangna dina maenkeunana, ceuk ijiran si kuring,  aya Tembang Sunda Cianjuran (skapeung disingget: Cianjuran), Kacapi Suling, Kiliningan, Degung, jst. Eta teh jenis-jenis kasenian anu kira-kira sagolongan (naon dasar ngagolongkeunana....duka...ulah poma ulah diudag, bisi kaberik kateunyahona :)).
 
Kira-kira - lamun salah hampura da lain ahlina - tembang Sunda atawa Cianjuran teh ibarat musik klasik di Barat. Jadi, kurang leuwih, kacapi suling leuwih ngepop tinimbang Cianjuran (alieung...aya ku hese ngajelaskeunana, bubuhan lain ahlina). Aya cara anu kawilang gampang pikeun ngabedakeunana: masing mindeng bade ngadangukeun eta dua jenis musik (Cianjuran jeung Kacapi Suling), tinangtu baris kapendak geura naon bedana (perkara teu bisa nyaritakeunana, keu wae da teu kudu dicaritakeun wae pangaweruh teh ....hehehe...alesan nu teu nyaho tea...loba pisan). Dimana bedana? dina dadanguan :).
 
Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara maenkeunana, wirahma lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang pamadeganana.
 
baktos,
manAR 
 




--
"keindahan dan kekejaman,
mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?"
(burung-burung manyar, yb. mangunwijaya)

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke