Baraya sadaya ....
 
Dua poe kamari, kuring saparakanca diondang dahar beurang ku volunteer anu biasa ngayakeun acara kasenian di wewengkon Gifu. Mimitina mah biasa menta bantuan keur manggung deui tanggal 25 Desember, ngeunaan kabudayaan jeung masakan Indonesia.
 
Saterusna, manehna ngadongeng yen cenah rumah sakit di wewengkon Gifu baris ngaganti alat-alat rumah sakitna ku nu leuwih anyar (kaluaran 2005), sedengkeun nu dipake ayeuna, kaluaran tahun 1998 kudu dikaluarkeun. Ceuk irongan manehna eta alat-alat teh masih keneh alus, malah mah aya ambulans nu alat-alat geus digital. Saterusna manehna nawarkeun kumaha mun eta alat-alat teh dihibahkeun ngan cenah keur urusan ngirimkeun teu apal. Alhamdulilah keur urusan ngirimkeun, kuring geus meunang cara-carana, soal biaya ngirmna keur ngusahakeun sponsor.
 
Kumargi kitu, ka baraya anu uninga, kinten-kintenna alat-alat naon anu diperyogikeun di rumah sakit atanapi puskesmas neda bantosanna. Kahoyong ieu volunteer, pami tiasa mah kanggo puskesmas atanapi rumah sakit di daerah da ari di pusat mah meureun tos seueur nu mantuanna.
 
Sakitu nu kapihatur, diantos pisan bantosanna.
 
Baktos,
budhi
kurono kopo 241
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke