Alhamdulillah akang teu cuang-cieung deui ayeuna mah, pokona mah ludeung lah da dibaturan ku BigGuy234. Kacipta awak BigGuy mah jangkung badag saukuran pamaen americanfootball (heureuy ieu mah).
Pernah akang jeung batur salembur ti Cikotok Banten ngantri Kentucky Fried Chicken - Jackson Mississippi, dihareupeun teh aya bule jangkung badag tur bucitreuk, mesen KFC paket bucket(ember?) nu eusina 12 potong estu keur soranganeun, ari akang jeung babaturan cukup paket 6 potong keur duaan.
Babaturan akang ngaharewos,"Pasti jelema gembul." Ari akang ngaharewosna tarik teuing."Tingali we kadutna. Badis kadut munding."
Si bule bucitreuk ngareret ka akang duaan bari pok."Damn You ! Ulah kitu atuh babasaan teh !" Tapi bari seuri .
Akang langsung menta hampura. Geuning si bule Amrik ieu teh pernah mancen tugas mang taun-taun di proyek panas bumi Garut (kawah Kamojang?) . Ti harita akang jeung manehna jadi sobat dalit, malah sering ber-email-ria plus teteleponan.
Tetela yen basa Sunda teh geus mancanagara.
 
PS : Ari Hedy alamat di Bdg na dimana ?

bigguy <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Nepangkeun Kang, sim kuring Hedy asli mah ti Bandung,
sami kuring ge ayeuna teh nuju ngumbara....di
Bandung...hehehe.
Padahal mah Kang tong salempang tong hariwang, komo
bari ngaraos cuang-cieung di lembur batur mah. Sono
hoyong nyarios ku basa Sunda mah, ajak ngobrol
tatanggi ku basa Sunda we atuh....wios teu ngartoseun
ge, panginten sami urang ge teu ngartos kana basa
anjeunna. Jadi draw pan? hehehe


--- abypratama <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr.wb.
>
> Punten...
> Nepangkeun sim kuring nami teh Abyan Dzaky, kawitna
> mah ti Bandung
> mung ayeuna teh nuju ngumbara di Klaten-Jateng. Sim
> kuring teh hoyomg
> ngiringan milis ieu teh hoyomh silaturahmi sareng da
> geuning karaos di
> lembur batur mah asa cuang cieung teu aya nu tiasa
> diajak nyarios
> sunda..
> Mugi atuh saderek sadayana tiasa ngangken..
> Hatur nuhun.
>
> Wassalam
> Abyan
>
>
>
>
>
>




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


YAHOO! GROUPS LINKS





__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke