Mmmm.....topik anu sae kanggo didiskusikeun.
Sateu acana panginten aya sababaraha anu kedah ku urang
dipilarian informasina.
1. Kumaha sistem distribusi beas anu asalna ti Jawa Barat.
2. Sabaraha produksi beas di urang, sabaraha tingkat
konsumsi beas di urang sareng kedah aya proyeksi kapayuna
?
3. Naha leres Jabar ka etang sesah kana beas?
4. Kumaha kaayaan sentra2 anu ngahasilkeun pare/beas
ditingali tina kondisi lahan, jrd.
5. Kumaha perpolitikan/kabijakan per-beas-an anu
diterapkeun ku pamarentah Jabar/pusat?
6. Kumaha perkembangan teknologi dina per-beas-an.
dh:
- no 1,4,5,6 teu apal
- data terakhir nu kuring boga, taun 2003, tina buku kaluaran BPS, Jawa Barat Dalam Angka 2003. produksi paré taun 2003 di jawa barat nyaeta 8 602 447 ton turun sakitar 6,19 persen ti taun saméméhna. upama dibagi rata ka kabeh imah tarajé, IT (rumah tangga :D) nu harita jumlahna 9 184 743 IT, saurangna bakal kabagéan 2,57 kg paré sapoé. ceuk kuring mah sakitu téh geus cukup. jadi bener kasauran juragan gupernur nu ceunah jawa barat mah moal rék impor béas. (ieu mah ukur itung-itungan kasar kuring we). ngeunaan konsumsi béas di Jabar kuring can manggih datana.
- lamun ningali data diluhur kuduna mah teu hésé néangan béas di Jabar mah.
On 12/21/05, Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kedah na mah "back To Leuit". hanjakal pangabutuh rahayat tos norojol.sigana mah kedah diperhatoskeun strategi pertanian pamarentah urang,1. kumaha sangkan ngaberdayakeun masyarakat, hasil panen teu langsung dicandak kulak di sawah.2. kumaha sangkan "tanah pertanian produktif" teu alih fungsi jadi industri / rumah / ruko jsb3. kumaha sangkan rahayat tani betah jadi "ki tani4. kumaha sangkan sakola tani di Bogor "back to Basic" ka sawah, ka kebon, sanes ka Bank ( jadi singkatan na sanes Institut Perbankan Bogor )5. kumaha sangkan ki tani ngurangan kana pupuk kimiatapi rada sesah sabab 70% - 80% rahayat Indonesia aya di desa alias ki-tani, tapi 70 - 90% na mung tani gurem, alias jadi ki-tani teu gaduh tanah leuwih ti 500 mkumaha teu rek ngajual pare, sawah garapan na mung satenga hektare, anak dua sakola deui
dh:
punten sateuacanna, kang Nana upami mung 500 m pasagi mah tebih keneh ka satengah hektar mah, mung ukur 0.05 hektar sanes? :)
- no 1 sareng 5, saur kuring mah giatkeun deui penyuluhan pertanian, kapungkur mah asa sering pisan ningli berita ngeunaan hal ieu tapi ayeuna mah duka tah da nonton tvrina ge jarang :D
- kudu aya dukungan ti pamarentah sangkan kawijakanana nguntungkeun kana widang pertanian. salila ieu nu karasa jeung nudirasa kawijakan teh ngan ukur bisa ngagencet ki tani.
- leungitkeun stigma2 salila ieu, ku jadi patani urang bisa beunghar lin? contona ki bob sadino he he he he.
- walah kang Na, upami kuring disina nyawah palias bangkar da teu ngartos nanaon he he he he he...
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sigana mah mun dibasajankeun mah bisa disebut program "back to leuit" nya? Jadi masarakat urang teh ulah sina ngalobakeun teuing ngajual beas, tapi justru neundeun beas di leuit, leuwihna kakara dijual dihilikeun jeung pangabutuh lianna.
Kiwari mah jaman teh geus tibalik deui. Baheula, jaman kuantitas, urang nalungtik varietas unggul, silangan, sangkan produksina loba, tahan wereng, masalah rasa mah teu prioritas. Oge pamakean pupuk, pestisida jsb. Na ari ayeuna, loba nu nyiar varietas lokal/asli, nu rasana pelem jsb, sayur organik alami jsb.
isk
==
Kiwari mah jaman teh geus tibalik deui. Baheula, jaman kuantitas, urang nalungtik varietas unggul, silangan, sangkan produksina loba, tahan wereng, masalah rasa mah teu prioritas. Oge pamakean pupuk, pestisida jsb. Na ari ayeuna, loba nu nyiar varietas lokal/asli, nu rasana pelem jsb, sayur organik alami jsb.
isk
==
dh:
heu heu heu benten atuda kang ayeuna mah, tibatan nyangu mendingan meser mcD :D
cing kang gaduh daftar varietas paré jaman baheula teu? model beunying, jeung ceré.
bakti diri,
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

