Kanggo Fuji,
Muhun alumni ITB namung tos lami pisan.
Leres pisan upami rajin latihan di LSS wangsulna sok sonten/wengi wae,
komo upami bade aya pamentasan.
Kapungkur oge aktif pisan teh nuju TPB (tahun pertama bersama), tos
lebet ka jurusan mah waktos teh kabagi oge sareng
kagiatan di himpunan jurusan.
Emut kapungkur ngiringan Kongres Basa Sunda di Puncak Bogor, asa pang
bodona we... anu sanes mah nyariosna teh meuni sarae ,
unggal kabagean keudah nyarios meuni geumpeur, stress he.he...
Yuni
Fuji Koesumadewi wrote:
Nepangkeun oge Teh Yani...
Euleuh meni tebih ngumbarana...
Eh..Dupi teteh teh alumni LSS ITB?
Abdi ge (abdi atanapi sim kuring nya??) ti ITB, angkatan 2000..
Basa nembe lebet ka ITB mah, abdi pernah nyobian ngiringan LSS, tapi
ngan sakedap..Atuh da uihnna (uih?mulih?wangsul?) sok wengi wae, janten
sok dicarek ku pun bapa...
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Yuniati Azzaino
Sent: Thursday, January 05, 2006 8:24 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun
Bade naros heula ka para ahli, upami ngabasakeun diri dina seratan,
saena nganggo sim kuring atanapi abdi?
Kabiasaan ti alit keneh sok ngabasakeun teh ku nami wae.
Nepangkeun Teh Fuji, tapi jigana mah Ayi langkung cocok da nembe lulus
sataun... anom keneh...:)
Numawi rada sesah yeuh bade pendak sareng Teteh2 na teh, duka nya nuju
kamarana?
Yuni
Fuji Koesumadewi wrote:
> Haturnuhun ka sadayana...
> Aduh bingung, bade cacariosan tapi da teu terang naon basa sundana,
> janten isin, hehehe....
> Kang rahmat, abdi mah depokna di mutiara depok (tole iskandar)..
> Alhamdulillah di depokna teh sareng pun lanceuk (caroge)..
> Abdi ayeuna damel di Jakarta, nembe sataun, da lulusna oge nembe
sataun,
> hehe...
>
> Punten ari di kusnet teh seuseurna ku akang2 nya?
> Kamarana atuh teteh2na?
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected]
[mailto:[email protected]]
On
> Behalf Of MRachmat Rawyani
> Sent: Wednesday, January 04, 2006 4:15 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun
>
> Wilujeng Tepang Teh Fuji. Mangga ka lebet babakan
> KUSnet di palih luhur, ulah di teoh, bisi menit.
> Jadi nambih yeuh balad KUSnet ti Depok teh. Nepangkeun
> kuring pun m rachmat rawyani, matuhna di Depok Utara
> (Beji).
> Teh Fuji palih mana di Depokna?
>
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
> --- Fuji Koesumadewi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> > Assalamualaikum ka sadayana..
> > Nepangkeun, nami abdi Fuji...
> > Kawit mah ti bandung, tapi ayeuna linggihna di
> > depok..
> > Hapunten kasadayana, abdi teh teu patos tiasa
> > nyarios sunda..
> > Ngiring dibimbing atuh nya..
> >
> > Wass.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|