Milis jeung Nulis
Dina pangacaprukan-pangacaprukan ngeunaan milis saencanna kuring leuwih loba ngaguar mangpaat milis salaku media komunikasi. Kitu ge leuwih loba "ngomongkeun urang luar", pihak-pihak nu diasumsikeun atawa katohyan pisan teu nyaho atawa teu wanoh kana
milis atawa internet. Tah, di dieu mah kuring hayang ngaguar mangpaat milis hususna, internet umumna, keur urang, nu geus aya di "jero". Utamana dina perkara nulis. Sanajan, teu pamohalan, ieu pangacaprukan teh taya bedana mapatahan Basa Inggris ka caroge Teh Lies atawa Teh Netty.
Wawanian ngacapruk ka beh dieu teh pedah bae, cenah, urang teh kaasup nu teu produktif dina perkara nulis ieu. Handapna produktifitas urang dina nulis ieu lain bae perkara politik sentralistis salila ieu. Tapi, oge, cenah, patarema jeung sajarah atawa pasipatan urang sorangan: Sanajan urang kungsi boga hurup sorangan, hartina karuhun-karuhun urang geus nepi kana naon nu disebut peradaban aksara, hartina oge boga tradisi nulis jeung maca, nu dianggap peradaban "nu maju"; keukeuh bae eta tradisi teh leuwih jadi
tradisi nu elitis. Sarupaning privelege para ajar, kiai, santri, bujangga, jeung santana. Lain tradisi nu sumarambah di jalma loba. Di cacah (jalma loba) siga maranehna mah, cenah, nu aya teh tradisi lisan -- tradisi sungut, baham, eungab, atawa tradisi oral tea.
Ma'lum, sanggeus peradaban aksara (Laten) dihudangkeun deui ku Walanda ge, ngalewatan Politik Etis, nu salah sahiji organna Balai Pustaka tea, pan lolobana mah nya tedak menak bae nu bisa maca jeung nulis (Laten) teh. Dalah pasantren, nu leuwih populis jeung leuwih "dipercaya" ku balarea salaku sakola atawa lembaga pendidikan, teu bisa ngembangkeun budaya tradisi baca tulis tadi kalawan "nyugemakeun". Maca jeung nulis keukeuh lain hiji tradisi dina harti dilakonan ku umumna masyarakat
urang.
Tah, sajarah siga kitu teh, cenah, mangaruhan kana naon nu dimaksud tradisi nulis dina mangsa kiwari. Kaasup di kalangan intelektuil atawa sarjana-na pisan. Pan, teu saeutik di antara urang nu teu "kuat" nyieun tulisan nu panjangna leuwih ti 5.000 karakter. Di mana aya ge, nya ngacapruk siga kuring. Teu sistematis, jeung teu puguh alang ujurna. (Kukituna, omat, tong pecaya teuing kana tulisan-tulisan kuring!).
Perkara nulis (nu papanjangan bari ngacapruk tea), kuring remen ditanya: Kumaha bisa nepi ka siga kitu? Di mana jeung kumaha diajarna? Kuring sorangan teu boga jawaban nu paheut. Komo nu
sipatna teori bari jeung ilmiah mah. Resep kuring sederhana bae: prak! Enya, ongkoh mah, baheula, can aya QB. Neangan buku teh hese. Komo nu ngawarah urang perkara bag-bagan nulis. Atuh di sakola, sanajan enya ti fakultas komunikasi, kuring lain ti jurusan jurnalistikna nu urusannana leuwih deukeut kana kaahlian sarupaning nulis. Atuh teu meunang kuliah kumaha prak-prakkan nulis tea. Kaasup naon nu disebut nulis kreatif. Pan ayeuna mah, sawatara lembaga manajemen ge ngajarkeun kumaha nulis (oge maca) kreatif sagala. Atuh di QB Bakmi GM, Thamrin, nepi ka aya belasna buku ngeunaan perkara nulis (kreatif) teh.
Ngeunaan prak atawa diajar nulis, keur kuring mahasiswa, aya batur nu rajin nyieunan
surat pembaca. Meh unggal minggu manehna ngider ti koran ka koran nu terbit di Bandung. Mikeun surat pembaca. Ku kuring kungsi ditanya, keur naon kikituan sagala? "Diajar nulis," ceuk manehna. Ku naon teu nulis artikel bae sakalian? "Can bisa. Geus sabaraha kali nyieun teu dimuat-muat. Beda jeung surat pembaca. Leuwih gampang," ceuk manehna. Sanajan, nu kabandungan harita, teu sakabeh suratna dimuat. Rumasa deuih, harita kuring teu matuh maca koran teh.
Mimitina mah kuring bingung ngadenge jawaban batur jiga tadi teh. Tapi, sanggeus dilenyepan, kaharti oge. Ku cara remen nulis surat pembaca manehna lain bae ngabiasakeun ngebrehkeun pipikirannana. Tapi, oge ngabiasakeun nulis. Kaasup kumaha nulis di media. Prak-prakkannana, mun surat pembacana dimuat, ku manehna sok diimeutan deui.
Diakurkeun jeung arsip nu aya di manehna. Ti mimiti nyurekkeun koma jeung titik, nepi ka cacarakan jeung padalisanna teu kaliwat. Geus puguh sarupaning alinea mah. Ku kuring sok diheureuyan. "Maneh yakin, yen koreksian redaktur eta koran geus bener? Jeung deui, boa-boa surat maneh dimuat teh alatan ku euweuh surat lianna," ceuk kuring. Dikitukeun teh manehna karah ngabetem.
Kadieunakeun kuring nyaho, diajar nulis ku cara nyieun surat pembaca, singhoreng, lain bae dilakukeun ku eta batur. Hiji lawyer di Jakarta, nu kiwari cenah kaitung pangmahalna, oge ngalakukeun hal nu sarupa. Utamana, baheula, basa manehna karek mitembeyan muka kantor sorangan. Ongkoh, keur manehna, nulis surat pembaca teh lain bae diajar nulis (nu sipatna populer) atawa sakadar ngebrehkeun pipikirannana. Tapi,
oge make boga maksud lian: Ngiklankeun dirina. "Kita kan nggak boleh beriklan? Nulis artikel, kadang-kadang ditolak redaksi. Cara yang gampang, ya nulis surat pembaca. Nama dan alamat kita 'kan ada di sana?," ceuk manehna, bari omat-omatan eta "rusiah" teh tong diucah-aceh ka batur. Enya, katingalna eta lawyer teh "ngotot" pisan. Ku alatan sok nulis surat pembaca eta, maneha nepi ka bisa "ngayakinkeun" PWI sangkan manehna dibere kartu anggota.
Dina seuhseuhannana, surat pembaca lain bae dimangpaatkeun keur diajar nulis atawa "ngiklankeun" maneh. Tapi, oge bisa jadi hiji "profesi". Baheula, aya sepuh, urang Aceh, urut wartawan, nu saatos pangsiun milih "penulis surat pembaca" salaku "profesi"na. Sanajan teu meunang duit ge, eta serat sepuh meh
unggal poe aya dina koran. Poe ieu di Kompas, isukna di Pelita, pagetona di Suara Karya atawa Sinar Harapan. Nepi ka, mun kuring teu salah inget, surat-surat pembaca nu diserat ku anjeunna teh kungsi dibukukeun sagala. Bubuhan tilas wartawan tea, meureun, seratan-seratan anjeunna teu beda jeung artikel atawa berita nu aya dina koran atawa majalah.
Lian ti surat pembaca, media keur diajar nulis teh catetan harian (diary). Nu kuring nyaho, nu ngalakonan cara ieu salah sahijina mahasiswa ITB harita (80-an). Ceuk manehna, dina salah sahiji bukuna, ngabiasakeun nulis buku harian teh geus dimimitian ti mangsa bisa nulis. Ongkoh, ceuk manehna keneh, kolotna ngawajibkeun pisan manehna sadudulur pikeun nulis. Nulis naon bae. Geus puguh ari tiap mulang ulin ti hiji tempat wisata mah. "Pulang dari pasar aja, kami disuruh bikin laporan, bikin reportase," ceuk manehna. Tina kabiasaan eta, nu nyambung kana tradisi nyieun buku harian, lian ti dibiasakeun ngimeutan dunya sabudereunnana, manehna jadi wanoh kana nulis. Malah, sakolana ge sasatna dibeayaan ku nulis, ladang artikel nu dimuat di media.
Pon kitu deui hiji mahasiswa IPB (harita). Sarua diajar nulis ku ngaliwatan nyieun diarry. Kuring sorangan teu wawuh jeung eta penulis teh. Ngan rada wanoh kana tulisan-tulisanna, sakalieun maca Aktuil jeung sawatara majalah rumaja harita, taun 70-an. Nyaho soteh ngeunaan soal diary eta, pedah bae ibuna guru biologi kuring di SMP. Ma'lum nu janten ibu,
reueus ningal putrana tiasa nyerat di majalah. Ongkoh, eta penulis teh putra mung hiji-hijina. Satengahing ngawulang bag-bagan biologi teh anjeunna sok cumarios perkawis putrana. Oge, kumaha sang putra dugi ka wacis nyerat sapertos kitu.
Mireng kitu, kuring kungsi nyerengeh sorangan. Soalna, dina pipikiran kuring harita, malah nepi ka kiwari, nulis diary teh kabiasaan budak awewe. Lain budak lalaki. Sanajan enya sadar kana mangpaatna, nu kabayang ku kuring: Asa teu "macho" aya budak lalaki nulis "dear diary...". Hahaha... Sanajan, tangtuna lain diary siga kitu nu ditulis ku eta dua pangarang teh. Tapi, saha nu nyaho ketang? Pan kuring ge can kungsi maca diary
aranjeunna?
Ngan, sigana, tradisi nyieun diary siga kitu teh diwajibkeun pikeun sakola-sakola baheula mah. Maksudna sakola zaman Walanda, nu ngadopsi (meureun) cara atikan sakola-sakola di Eropa. Lain pedah budak sapantar Anne Frank bisa nyieun diary nu pikaaheungeun siga kitu. Tapi, eta bae, kuring kungsi ngabantuan hiji sepuh nyieun otobiografi. Ditingal teh seratan anjeunna, aya ku "akurat". Dina mertelakeun hiji kajadian teh, lain bae tanggal jeung tempatna. Dalah jam jeung menitna ge tara tinggaleun. Hartina, anjeunna ngagaduhan sarupaning diary atawa buku harian tea. Pan, asa pamohalan mun anjeunna mung ngandelkeun tina emutannana mah? Tong boroning kajadian nu geus mangpuluh-puluh taun, kajadian dua tilu bulan kamari ge (kuring mah) sok poho deui. Komo nepi ka detail jam jeung
menitna. Pan, ari (sakalina) solat ge sok poho, naha ieu teh rakaat ka tilu atawa ka dua.
Atawa pedah anjeunna tentara, jeung teu weleh jadi komandan? Hartina, boga asisten jeung anak buah purah nyatetkeun atawa ngalaporkeun kajadian-kajadian eta. Tapi, maenya nepi ka kajadian atawa pangalaman nu sipatna pribadi oge dicatet ku eta asisten atawa ajudan? Kuring leuwih percaya, sakola (jeung kaayaan) baheula memang kondusif keur ngalahirkeun tradisi nulis (jeung maca) eta. Pan, urang mah tong boroning nyieun catetan harian, sakalina nulis surat ge sararangeuk. Ongkoh, ayeuna mah geus aya telepon jeung SMS. Mun inget atawa aya beja nu rek ditepikeun ka batur ge, cukup nga-SMS.
Tah, dina perkara nulis surat ge, bandingkeun misalna jeung kolot-kolot urang. Utamana nu kungsi kawarah ku atikan Walanda tadi. Bibi pamajikan, sakitu geus sepuhna, dina sabulan paling heunteu nyerat hiji serat. Komo, waktu saderek-saderekna masih jarumeneng keneh mah. Sirikna teu unggal enjing anjeunna ka kantor pos, ngeposkeun serat kanggo saderek-saderekna.
Bibi pamajikan teh jajauheun bisa disebut penulis profesional. Beda jeung Pa Ajip (Rosidi), nu profesina memang kana nyerat. Pantar Pa Ajip mah pastina tara tinggaleun kana nyerat. Malah, sakali waktu, kuring kungsi naros ka anjeunna: Sadinten nyerat sabaraha kaca, boh serat biasa boh nu mangrupi artikel? "Teu pira,
paling ge 18 kaca," saur anjeunna, anteng.
Urang, nu hirup dina jaman internet siga kiwari, satemenna boga media nu leuwih loba, leuwih gampang, jeung tetep relatif murah, pikeun bisa jeung ngabiasakeun nulis. Lain bae ku sarupaning serelek (serat elektronik atawa email). Tapi, nu sipatna leuwih publis, bari tetep murah jeung gampang tadi: Milis jeung web blog.
Enya. Pan, ku alatan demokratna milis jeung internet, malah liberal pisan, urang bisa nulis kumaha jeung naon bae. Nu ngawatesan urang, sigana ngan tilu perkara: Wanda atawa paniatan milis, kadaek, jeung ...tanaga urang! Kuat heunteu urang
nulis leuwih ti 5.000 karakter? Beh dituna mah, wawanen. Kaasup, wani heunteu urang disebut "aneh". Ngadon papanjangan, ngacapruk nuturkeun pipikiran sorangan, nu sakapeung teu nyambung, atawa euweuh mangpaatna keur nu lian?
Kitu ge mun urang nulisna salah tempat, ketang. Siga nu remen dilakukeun ku kuring. Da, mun dina tempatna mah, nya dianggap ilahar bae. Teu aneh, teu sing. Jeung deui, di mana enya ge teu dina tempatna, kajeun teuing. Moal raheut ieuh. Urang mah tawakal bae kana kayakinan urang: Sekali cuek, tetap beybeh! Ongkoh, perkara "wawanen" tadi nu remen ngahulag urang pikeun "berekspresi" teh. Umumna, urang teu wani nulis ku alatan sieun jeung sieun. Utamana sieun salah. Nepi ka loba anggota
milis nu panonna barelek, malah (ceuk cenah) nepi ka aya nu lolong sagala. Alatan ngan noongan bae.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
Yahoo! Photos Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and well bind it!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

