kang Maman oge baraya sadaya, ngiringan ngacapruk ah :D (diajar nyaritakeun pangalaman)
Nulis! hiji pagawean nu ceuk kuring hese pisan. Ti SD nepi keun ka SMA paling teu bisa lamun dititah ngarang, karetas nu biasa disadiakeun nepi ka dua lambar folio can pernah nepikeun ka pinuh ku tulisan, malahan meakeun sakaca oge kudu usaha nu kawilang "rongkah" (heuy deuh
diperbuas we ieu mah). keur kuliah kitu deui, jarang pisan nyieun tulisan-tulisan, malahan skripsi kuring ngan ukur sawelas halaman. bubuhan kuliah di jurusan nu ngan ngurusan angka lain huruf He he he he...
Tapi ayeuna, pagawean nu ku kuring dianggap hese kapaksa kudu dilakonan. Gawe di salah sahiji media cetak di jakarta nuntut kuring kudu bisa nulis artikel. Mimitina kuring ukur nyadiakeun data keur nu rek nulis. Ngan ku sabab jalema nu aya saeutik nya kapaksa kalayan dipaksa kuring kudu milu nulis. Pangalaman mimiti nulis kacida "sangsarana". Inget keneh tulisan mimiti ngeunaan pilkada di irian jaya barat direngsekeun dina waktu ampir 2 minggu (batur gawe ngarengsekeun tulisanna ukur dina waktu 1-2 poe). bari jeung hasilna goreng, basana diedit total, tulisan editan redaktur ukur nyesakeun idena wungkul. Tapi lila ti lila rada lancar oge geuningan. enyaan keur kuring sagala ge lamun kapaksa mah bisa :D najan angger can alus, malahan teu goreng goreng acan.
***
ceuk nu ku kuring karasa jeung dirasa, lamun hayang bisa nulis sarat kahiji mah niat, ditambahan ku kapaksa jeung dipaksa. Prung ah... narulis. hiji deui najan lain sarat mutlak kudu loba "maca"! hal ieu karasa pisan ku kuring nu tara maca. heu heu heu ngajar ngojay ka meri, ngajar gagauran ka macan, ngajar senam ka vicky burky nya???
bakti diri,
dh
On 1/12/06, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Milis jeung Nulis
Dina pangacaprukan-pangacaprukan ngeunaan milis saencanna kuring leuwih loba ngaguar mangpaat milis salaku media komunikasi. Kitu ge leuwih loba "ngomongkeun urang luar", pihak-pihak nu diasumsikeun atawa katohyan pisan teu nyaho atawa teu wanoh kana milis atawa internet. Tah, di dieu mah kuring hayang ngaguar mangpaat milis hususna, internet umumna, keur urang, nu geus aya di "jero". Utamana dina perkara nulis. Sanajan, teu pamohalan, ieu pangacaprukan teh taya bedana mapatahan Basa Inggris ka caroge Teh Lies atawa Teh Netty.
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

