Banten teh sigana ku ayana otonomi daerah jadi sumber
masalah,kumargi masalah SDM na anu teu siap mayunan
kamajuan jaman. (Ieu mah ceuk pipkiran kuring), waktos
baheula teu acan janten otonomi, wewengkon ieu teh
kawilang anu paling kakantun dibandingkeun sareng
kabupaten sanes di Jawa Barat, tina aspek sarana
prasarana fisik, sareng anu lianna. Kamashuran
kesultanan Banten heubeul ngan jadi impian para
kokolot. Pas aya lolongkrang ku ayana otonomi daerah,
kasemptan ieu jigana dijadikeun alesan pikeun
misahkeun maneh ti propinsi Jawa barat. Sok sanajan
aya tokoh-tokoh ti Banten anu tos "manggung" di
tingkat nasional, tapi sigana teu merata SDM unggul
nyaliara ka masyarakat Banten. Atuh puguh wae, sabada
disyahkeun jadi hiji propinsi Banten, seueur pamingpin
"karbitan" anu nyepeng kalungguhan kakawasaan.
Gupernurna "bermasalah", nya kitu oge wakil
gupernurna. Sanes bohong, lamun di salah sahiji
kabupaten di Banten aya bupati "preman". Batur kuring
anu janten dokter, tos ngaraoskeun kumah jadi korban
kalakuan preman bupati eta, ngadekem di penjara baru
jeung teu jelas dasar hukumna. Carita pondokna mah,
Atuh Banten teh hiji "rimba raya" pamarentahan, anu
sanes janten picontoeun anu sae tebih tina "good
governance".
Kedah aya "terobosan" kumaha nyehatkeun provinsi eta.
Sanes teu aya SDM anu sae, tapi nyaeta masih dominan
sigana "pola lama" kakawasaan teh samacam "power tens
to corrupt....."

baktos,

mrachmatrawyani


--- Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng enjing baraya,
> si kuring maca di koran jawa pos beu..aya pajabat
> wabup lebak katangkep keur
> pesat narkoba katut purelna duaan.....
> kumaha tah mun pamingpinna geus kitu...masih bisa
> kapilihnya....?
> rieur............
> wasalam
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke