Enya ah tong sok bboikotan sagala, nu teu resep 'junk food' nya atos we tong ngagaleuh, ke ngajak-ngajak boikot malah ditewak kulisi hayoh. Jeung cenah mah eta hayam teh pajahkeun teh ti sababaraha pasantren cenah MC D jeung KFC teh enya kuti ? mun enya tea mah tuh pan karunya oge tah dulur urang. Nya ari sual artos nu asup ka eta usaha waralaba jadi ngalir ka bangsa deungeun mah jamak we da pamarentah urang ge pan ngahutang ka nagara deungeun nu kahareupna ku urang boh ku anak incu urang kudu ditaur oge pan jadina sami mawon nya? Jigana mah kumaha tah mun pamarentah teu ngahutang heula? atawa ngaku teu bisa mayar hutang?
 
ah nyanggakeun we kanu marenatah.
 
wass,
dmar

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Coca Cola, KFC, McD saleresna ngan saukur "icon" globalisasi da saleresna
mah nu bogana urang Indonesia-indonesia keneh. Atuh bahan jeung nu
digarawena oge urang Indonesia. Di McD sugan aya bule nu ngaladangan urang
dahar. Asa acan ngadangu Amerika ngambek kulantaran aya nagara nolak
restoran KFC atawa Coca Cola. Tapi kuring yakin lamun nagara  urang nolak
meuli tarigu atawa kacang kedele ti Amerika, Amerika bakal ngadarigdig
kadieu, "maksa" kudu meuli produk-produk pertanian maranehna.

Coca-cola, KDX, McD simbol Amerika, ari mie instan, tahu jeung tempe mah
lain ........padahal .....heuheuheu ........puguh eta anu kentel Amerikana
mah. Mie nu sok dianggo sarapan ku urang, tariguna ti Amrik, da diurang mah
mana aya sawah "tarigu". Kitu deui tahu sumedang, nu dipiagul ku kuring nu
urang Sumedang, kacang kedelena teh boa .....boa nu melakna urut presiden
Amerika, Carter, nu patani kacang kedele. Pon kitu deui tempe nu cenah mah
dahareun tradisional urang Indonesia. Ceuk beja, kedele made in Amrik
langkung mirah tibatan kedele lokal, mangkaning mutuna sae. Tukang Tahu di
Sumedang tara nganggo kedele lokal, tahuna kirang sae cenah.

Janten, percomah ..........ngabaikot Coca Cola, KFC jeung McD mah, malah nu
keuna dulur-dulur urang keneh. Tapi ngabaikot dahar Mie, Tahu Jeung Tempe
oge susah .................... rek dahar naon atuh ari urang?

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, January 27, 2006 8:14 AM
Subject: [Urang Sunda] Cai Enteh (as : Re: globalisasi vs lokalisasi...The
Corporation)


> Frestea teh produksi urang-urang, da ti pun Bapa pisan nu ngagaleuh
> enteh na teh. Tapi anjeunna sanes padamel Coca-cola tapi damel
> di pausahaan enteh nu dipigaduh ku US oge.


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke