Manawi, kumargi sifat dasarna jelema teh "sarakah", kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika (moral). Ngarep-ngarep jalma "sarakah" nyieun "kahadean", daek babagi jeung nu sejen, eta mah ukur UTOPIA. Nu "sarakah" diantep we sina ngalajur kahayangna, keun we usahana sina jadi "gede". tapi masyarakat (nagara, agama jeung etika) "ngahukum" jelema ieu mayar pajeg sagede-gedena. Dina Islam aya zakat, nu ceuk logika kuring, eta teh "hukuman" kanu makmak- meukmeuk. Di nagara modern aya pajeg, nu gedena malah progresif. Beuki gede panghasilanana, beuki gede deui pajegna.
Ceuk Kwiek Kian Gie mah, ibarat kieu, nagara teh nu boga kebon/ taneuh, nu ngagarap rakyatna. Tangtuna oge rakyat teh rupa-rupa, aya nu daekan jeung aya nu kedul, aya nu pinter jeung aya nu bodo. Tah nu daekan ieu, acan tangtu daek babagi hasilna jeung nu kedul atawa babagi carana kumaha nepi ka hasilna jadi loba. Tapi ngeureunkeun ambisi bin "kasarakahan" jelema daekan jeung pinter ieu, oge teu nganggeuskeun masalah, "kebon" malah engkena teu ngahasilkeun nanaon. Nagara nu kudu ngatur, supaya hasil ti nu daekan jeung pinter ieu, sabagian dibagikeun ka rahayat anu kedul, bodo jeung nu teu boga kasempetan. Nagara oge kudu ngatur, supaya rakyatna boga kasempetan nu sarua, asal daek jeung nasib alus, manehna oge bisa nyaruaan nu geus "gede". Ieu prinsip nu ceuk kuring mah nu kudu dianut ku policy nagara. Ulah ngarepkeun individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia, atawa "menunggu Godot" nu teu datang-datang. Tah patarosan si kuring, nagara mana wae cnu mere kasempetan rakyatna boga kasempetan nu sarua? ...ulah-ulah kuring ngajawab patarosan sorangan, nagara-nagara nu dituduh kapitalis. Buktina Bill Gates jeung "juragan" komputer Apple nu mimiti usahana tina garasi imahna, usaha leuletikan, nepika jadi "kapitalis" dunya. Aya conto nu model kitu di nagara nu nganut sosialismeu? Prinsip neangan harta oge aya dina Islam (mudah-mudahan kuring teu salah nyutat), nu kira-kira eusina kieu : " Teangan harta, saolah- olah rek hirup 1000 taun, Lobakeun ibadah saolah-olah rek maot isukan". Janten? hartosna Islam teu ngalarang neangan harta nu teu beak leuwih ti tujuh turunan oge, asal ibadah. Di dieu katingali prinsip ieu ngakomodasi jalmi nu "sarakah", sabab nu "sarakah" mah moal bisa dieureunkeun, tapi kudu loba ibadah. Ibadah dina hartosna nu lega, contona nu beunghar kudu daek mayar zakat. Kulantaran zakat mah ngan 2,5%, ditambahan kudu daek mayar pajeg. Lamun teu mayar, kawajiban nagara kudu maksa! Punten, kuring sabenerna mah teu ngartos jeung teu kantos maca buku kapitalismeu atawa buku sosialisme komo buku ekonomi mah. Kuring oge teu kantos nyaba atawa cicing di nagara kapitalis atawa di nagara sosialis. Ukur ulukutek di lembur wae, ukur bucu-baca dina artikel na koran, kitu oge ari keyeng. Jadi pamendak kuring teh, estu ceuk kuring ........sanes kapangaruhan ku "juragan kapitalis" da nyaeta bongan ....boga uteuk! Baktos, WALUYA (Hayang jadi Kapitalis, ngan rumasa jadi jelema "kedul") --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waleran ieu teh ceples pisan buktos kumaha hebatna nalar kapitalis di > dunya nungkeban cara urang mikir. Sakitu hebatna nepi pikeun urang mah Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

