gan Ade Nasution, urang DPR ti fraksi bintang reformasi nu kungsi nyarita yen urang sunda mah cukup dibere lilin, dina Kompas ayeuna kabajekeun digebug tangtara.
dina Kompas aya fotona, tarangna keur dipasang perban. cenah pedah manehna nanyakeun soal suplier di perbekalan tangtara nu geus 30taun teu diganti. bari ngabodor garing, di TNI aya opat angkatan (nu bener Panglima) KASAD, KASAU, KASAL jeung KASAN. nu terakhir suplier.
dibabukna di gedong DPR keneh cenah ku oknum tentara. tangtuna ngan patali jeung soal eta, lain pedah manehna kungsi melecehkan urang sunda nu ngan cukup dibere lilin.
leupas ti soal premanisme oknum ka anggota dewan nu dipikahormat (teuing kusaha) kanu percaya (mara) karma, gan ade teh meunang karma meureun. sing enggal damang we gan.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

