Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun... mugi-mugi rama-na Kang Soni teu kunanaon, sing enggal sehat deui.
-dul- --- In [email protected], Soni Abunawas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamualaikum.. > > punten ka sadayana abdi teu tiasa sumping kamari kulantaran > aya musibah pun Bapa nuju dinten Jum'at Tabrakan..di Cianjur > teras...di rawat di RS Cianjur teras dinten Sabtu dialihkeun ka Jakarta > punten ka Teh Imas sareng saparakanca... > abdi..teu ngawartosan deui....nuju kaweur tuda.... > sakali deui...punten pisan > > Baktos > Soni > > -----Original Message----- > From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Monday, February 06, 2006 10:15 AM > To: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Laporan Kopdar Rutin Kusnet : Jl. Langsat Jkt > > > Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadaya, > Acara Kopdar rutin Kusnet anu diayakeun dina dinten Minggu, > ping 5 Februari ti tabuh 10.00 enjing dugi ka tabuh 14.00 siang, > di bumina Teh Imas, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan > teu aya rintangan naon-naon. > > Anu sumping dina ieu acara : > ---------------------------------------------------- > - Kang Tirta + putrana > - Kang Irpan > - Kang Kamal + Istrina + putrana > - Teh Imas > - Teh Mia > - Teh Tatat + rencangna > - Abdi, Ndoell tea > > Kagiatan / Acara : > ------------------------------------------------------------ > Ngabahas perkawis Panitia HBH Kusnet, oge garapan-garapan Kusnet > kapayun anu hasilna diantawisna : > > - Panitia HBH 2005 resmi dibubarkeun > - Rencana riungan sasih payun kanggo ngabentuk Panitia HBH 2006 > - Sababaraha usulan anu sipatna mangrupikeun wacana keur > persiapan HBH 2006 anu samentawis bade disawalakeun secara > terbatas. > - Bade icalan kaos deui keur ngeusian kencleng operasional Kusnet > > Hatur nuhun ka Teh Imas sakulwargi anu parantos hut-het nyayogikeun > tempat anu sakitu merenahna, oge katuangan anu sakitu raosna. > > Hatur nuhun ka anu parantos ngersakeun sumping, hatur nuhun oge anu > parantos nelpon, ngintun imel, sms, sareng ngintun salam merhatoskeun > ieu acara; > > Hatur nuhun oge kanu teu sumping, mugi-mugi engke mah tiasa sumping > dina acara sarupaning kokopdaran; > > Manawi sakitu pedarana kagiatan kempelan teh, kanggo salengkepna > manawi tiasa ditambihan kunu sanes. Hatur nuhun kana sagala > perhatosanana. > > > Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokatuh > > -Ndoell- > tukang wawar > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

