Udud cenah ceuk nu udud mah emang hak asasi (hak asasi nu make logika tea). Nya mangga bae ari ngabogaan pamadegan kitu mah. Tapi ari udud di tempat-tempat umum mah eta ngarana egois alias ngeunah sorangan teu ngeunah ka batur. Jeung ceuk kuring mah jelema nu sok udud disambaran tempat teh kaasup jelema nu teu nyakola. Geuning buktina ayeuna mah nu udud teh teu bisa sambarangan ngelepus dimana bae tandaning yen udud teh ngarugikeun balarea. Nya ari hayang-hayang teuing udud mah mangga teh teuing ngan ududna kudu jauh ti jalma-jalma nu teu udud sangkan 'kanikmatan' eta (dimana palebah nikmatna da buktina mah bararau jeung pipanyakiteun) ukur dinikmati ku sorangan (ku nu udud). Ah ieu mah pamadegan simkuring nu tara udud. Alhamdulillah. Baktos Misan. totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Karasa kunu sok ngudud eta paraturan the jigana matak beurat Manehna rada kasingker teu bisaeun udud sambarangan karunya manehna... Tapi nu karunya pisan mah nu tara udud di puleuk kunu sok udud dina bis kota atawa angkot nya lieur, bau jeung panyakit eta teh haseup rokok teh komo keur barudak leutik(orok) karunya eta orok teu boga dosa der di puleuk haseup udud ku urang anu sok ngudud... Dipikir-pikir kiwari lalampahan ngudud dina bis kota atawa angkot jeung tempat umum lianna matak nyiksa batur geuning, dosa meureun-nya
-----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, February 08, 2006 3:47 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] UDUD Udud teh cenah kaasup hak asasi, matakna basa diberlakukeun paraturan anu ngalarang udud disambarangan tempat, loba nu sing gereneng. "Beu udud ge mani diatur sagala!" Padahal larangan samodel kitu ku pengelola pom bengsin mah geus tibaheula mula diterapkeun, matakna mun keur ruang riung heug teu dibarengan jeung udud sok aya nu nyelengkeung. " Kawas dipom wae euy!" Enya bisa kabayang kuayana paraturan eta, nu ngageni mah asa ripuh tur kasiksa pisan, da lain di pom wae nu teu meunang kulupas kelepus teh, nya kayaning rumah sakit,beus, sakola,mol,komo di Batawi mah sapanjang jalan protokol oge teu meunang. Ceuk nu biasa ngaroko, ududeun teh kaasup batur nu pangsatiana, kamana mana teu weleh dibawa, komo ceuk nurahul mah meni pok pisan, mending tinggaleun bujur daripada tinggaleun ududeun. Kituna mah pantes, da udud teh miboga sensasi sorangan pikeun nu ududna, komo mun tas dahar peuteuy atawa jengkol mah, bisa peureum beunta bakating ku ni'mat, tapi aya oge nu nyebutkeun leuwih ni'mat udud di wc bari "ngaheujeun". Mun kitu mah, paingan ceuk beja, disalasahiji wc umum aya saurang lalaki ngahaja kajero wc bari mawa tilu bungkus roko, bakating ku ni'mat nepikeun ka erepna, atuh puguh we antrian dihareupeun wc aya kana tilu kilona. Saprak diberlakukeun uu larangan ngaroko di tempat umum, loba keneh jalma nu can nyaho atawa pura pura teu nyaho. Kawas ceuk beja deui anu teu puguh sumberna, aya saurang aki-aki ka tewak ku trantrib lantaran ngelepus udud padudan dihiji halteu di wewengkon jalan Sudirman, waktu ditanya,cenah lain teu nyaho paraturan, tapi pan nu dilarang mah roko, lain padudan, ceuk siaki bari nyerengeh. Aya deui kabejakeun, bakating ku teu biasa mun teu mawa ududeun, disamping eta sieun oge ari kudu didenda 50 juta lantaran poho ngelepus ditempat umum, nya antukna diakalan kieu, ari mawa mah mawa bungkus roko tapi eusina ngan ukur tusuk gigi jeung empeng, nya mun sawaktu waktu hayang udud, tinggal muka bungkus roko, saterusna mah nek ngempeng heula terus nyeuhil atawa sabalikna, atawa nek ngempeng bari jeung nyeuhil. Udud teh identik jeung lalaki malahan ciciren lalaki dewasa salasahijina nya nu geus bisa udud tur diserebengkeun kana irung. Aya oge awewe nu sok udud ngan jumlahna teu rea, ayana dikalangan tertentu kadang identik ka awewe bangor. Kitu deui pamor jalma bisa ditiley oge tina roko naon nu sok di ududna, atawa bisa ditebak pakasabanana, misalna mun hiji jalma sok ngaroko samsu kretek pasti moal jauh ti supir beus, atawa tina kabiasaanana, mun rokona sok diselipkeun kana ceuli pasti pakasabanana tukang bas ( lain tukang ngeben). Kumaha mun lalaki tara ngaroko? Mun nu nileina awewe, nileina bisa alus bisa oge goreng, alusna pasti disangka calon dokter atawa jalma hemat, atuh gorengna bisa disangka lalaki boke atawa bisa leuwih ekstrim malah disangka boga panyakit bengek. Bakating ku rea anu kadedemes kanu udud, dina kahirupan sapopoe oge sok teu leupas tina istilah anu aya sangkut pautna jeung perududan, misalna duit persenan sok disebut "uang roko" atawa mun keur ruang riung sok disebut "ngadu bako". Kitu deui merek ududeun alias roko reana ampir sabanding jeung merek sampo, atuh peminatna,mun geus cocok kahiji merek, sok panatik, kitu deui kasampo mun geus cocok kahiji sampo tara ieuh pindah kelain hati, ngan bedana dina iklanna, ari iklan sampo mah meunang nayangkeun anu keur diangir tapi ari iklan roko mah teu meunang nayangkeun nu keur ngelepus udud. Mangrupakeun panutup,ieu oge aya sangkut pautna jeung udud. Dongengna kieu aya saurang pasen datang ka hiji dokter, ku dokter langsung ditanya. "Boga panyakit naon jang ?" "Napas abdi engap, nyesek, kadang sok disada ngik-ngikan !" "Mun kitu mah coba udud cukup dua batang sapoe !" "Ari obatna naon ?" "Enya coba eta heula, cukup dua batang heula sapoe !" "Oh kitu, sumangga atuh ari kitu mah !" Heuleut sababaraha poe, pasen datang deui katingali malah tambah parah. "Kumaha geus mendingan ?" ceuk dokter "Puguh kalahka parna !" "Pan geus dilaksanakeun parentah kamari !" "Parantos !" "Eta ujang ari biasana sok seep sabaraha bungkus sapoe !" "Puguh tikapungkur ge abdi mah tara ngaroko pisan !" SR [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

