Ngiring mairan, mun teu salah : " Bobot pangayon
timbang taraju" teh hartosna "gede tinimbang",
sedengkeun "Sabobot sapihanean, sabata sarimbangan"
hartosna "sarua beuratna atawa adil" (mangga koreksi
da saukur meunang nginget-nginget basa nu geus lila
teu kapireng ku kuring jeung teu dibarengan ku ningali
"parimbonna" he he he .

Baktos
Jaka

--- indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Pinter kang Nanang....., Cing upami " Bobot pangayon
> timbang taraju" sareng "Sabobot sapihanean, sabata
> sarimbangan" eta naon hartosna...?
>    
>   ipeut
> 
> ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Wa'alaikum salam Wr. Wb.
> 
> Mangga Kang Ono, wilujeng sumping.
> abdi Ndoell, leres ti Linggarjati, Kuningan.
> abdi kénéh anu sok nagog di milis Kuningan_Asri
> 
> Hamil téh dina basa sunda diantawisna :
> Kakandungan, Bobot, Bureuyeung ogé reuneuh.
> 
> conto kalimahna :
> -Pun bojo ayeuna nuju kakandungan
> -Bobotna pun bojo ayeuna tos lebet ka opat sasih
> -Pamajikan si Anu geus bureuyeung deui baé,
> padahal mah anakna téh geus reuay.
> -Ari nyanéh direuneuhan ku saha ?
> 
> punten bilih lepat mah.
> 
> -dul-
> tukang teuing
> 
> --- In [email protected], [EMAIL PROTECTED]
> wrote:
> >
> > Assalamualaikum Wr. Wb.
> > Wilujeung sonten ka sadayana....
> > 
> > Punten bade ngiring ulubiung....Nanging
> sateuacanna, sakali deui 
> bade 
> > nepangkeun heula, bilih aya batur salembur baraya
> sadesa anu sami 
> > ngiringan ngareuah-reauah di ieu komunitas urang
> sunda. Nami mah 
> Ono 
> > Taryono, pameget, yuswa 24 taun, kawit ti
> Kuningan. Pami teu lepat, 
> Kang 
> > Ndoell oge kawitna ti Kuningan, sanes kitu Kang
> (Ndoell)...??!!
> Padumukan 
> > ayeuna di Jakarta, di wewengkon Tebet Wetan, caket
> ka Cawang. 
> Janten kuli 
> > di salah sawios pausahaan enjineering.
> > 
> > Dina waktos ayeuna, Abdi gaduh patarosan. Dupi
> basa Sunda 
> na 'hamil' teh 
> > naon nya Kang, Teh, Emang, Ua...??!!Di Kuningan
> mah, hususna di 
> lembur 
> > Abdi, basa Sunda na 'hamil' teh nyaeta 'reuneuh',
> maenya jiga ka 
> sato 
> > hehehe...Ketang da Abdi oge tos biasa nganggo
> kecap 'reuneuh' ieu 
> pami di 
> > lembur mah.
> > 
> > Abdi sok ngaraos bingung, pami aya rerencangan
> 'kuliah'-na pun 
> bojo, 
> > naroskeun ngeunaan 'kabar' pun bojo. Maksad mah
> bade nyarios ka 
> aranjeunna 
> > yen pun bojo nuju 'hamil', nanging bingung naon
> basa Sunda-na.
> > 
> > Teras, kajabi ti eta, aya oge nu naros kieu ka
> Abdi "Kumaha istri 
> si Aa 
> > teh tos 'ngeusi' tacan..??!!". Naha kecap 'ngeusi'
> oge tiasa 
> dianalogikeun 
> > sareng 'hamil'...??!!
> > 
> > Hiji deui Akang, Teteh....Abdi pernah mireng oge 
> kecap 'bureuyeung'. Pami 
> > ditilik dina kalimahna mah jigana teh hartosna
> sami sareng 'hamil' 
> dina 
> > bahasa Indonesia.
> > 
> > Isin mah isin, naroskeun masalah kieu di ieu
> komunitas teh. Katara 
> pisan 
> > Abdi jalmi anu bodo...(Aaah keun we lah da rumasa
> kurang pangabisa, 
> ceuk 
> > paribasana teu bodo-bodo acan).
> > 
> > Cag ah sakieu we heula.
> > 
> > 
> > 
> > Salam Baktos,
> > 
> > 
> > Ono Taryono
> > NB : Sakantenan kecap 'kuliah' sareng 'kabar' dina
> kalimah-kalimah 
> diluhur kinten-kintenna digentos ku kecap naon anu
> langkung 
> merenah...??!!
> > 
> >  
> > 
> > 
> > [Non-text portions of this message have been
> removed]
> >
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of
> china   Organizational culture     Organizational
> culture change   Organizational culture assessment  
> Jewish culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email
> to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke