Abdi oge pernah sakali kadinya, waktos wisudaan kapungkur, jajap pun bapa 
sareng ibu. Nanging pami teu lepat da di meseum mah taya dongengna 
ngeunaan sasatoan jaman baheula. Cingan bade ditoong di wikipedia : 
en.wikipedia.org/wiki/Dinosaur, sakumaha bongbolonganna ti Kang Kumincir. 

Sumuhun di TV oge sering dipidangkeun, nanging sok aya gerentes na hate, 
rasa panasaran jeung cangcaya heuheu2....Eta acara TV nu ngaguar sasatoan 
jaman baheula teh damelan urang barat (Yahudi). Bisi, kasus-na jiga manusa 
heubeul (manusa purba) tea. Apanan numutkeun teori evolusi Darwin mah 
manusa teh hasil evolusi-na 'manusa-kera', anu jelas-jelas hal ieu 
nyalahan sareng ayat Allah SWT (sakumaha diguar ku Harun Yahya dina bukuna 
: "Runtuhnya Teori Evolusi").

Kang Eddy, geuningan Abdi aya rencangna nya...??!!Sami Kang, Abdi oge nuju 
S3 (Saban Sabtu Setor) ti Jakarta ka Subang. Heuheuheu...Kaleresan pun 
bojo urang Subang.

Eh sumuhun, diluhur aya kecap 'manusa-kera'. Pami basa Sundana 'kera' teh 
kunyuk sanes...??!!Monyet kumaha tah...??!!Punten panglereskeun bilih aya 
kalepatan.

Hatur nuhun,



Ono Taryono
 



"Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/15/2006 02:15 PM
Please respond to
[email protected]


To
"'[email protected]'" <[email protected]>
cc

Subject
RE: [Urang Sunda] Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!






Euleuh...eulueh kutan caket sareng kantorna kang Oman.
Upami terang mah bade nyimpang heula... sugan di suguhan ...hehehe
Hanjalakal teu tiasa dintenan damel ka ditu teh... maklum padamelan
di Jakarta... saminggon sakali ka Bandungna... S3 tea (saban sabtu setor)
Muhun sae pisanlah museum teh.... abdi tos dua kali nyandak barudak
kadinya... eh da teu bosen-bosen .. ngarajak ka ditu deui bae.. tah
murangkalih teh. Mirah deuih karcisna.... moal rugel...

;D

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of waluya56
Sent: 15 Februari 2006 13:53
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!


Ngiring mairan. Kang Ono upami tuang Alo hoyong terang sato-sato 
jaman baheula (pisan), tiasa ditingali di Museum Geologi, Jl. 
Diponegoro Bandung. Mangga geura diajak jalan-jalan kadinya. Upami 
dinten damel mah, tiasa petepang sareng Kang Oman nu kantorna 
pegedeng-gedeng sareng Museum. Sareng ulah kaget di P. Jawa teh 
kapungkurna aya Kuda Nil sareng Gajah.

Baktos,
WALUYA


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke