Hatur nuhun kang kana saran na. 
Nembe ku abdi tos di telp ka pun bojo sareng ka rai tea. Ku abdi ge di
carioskeun yen nikah siri the ceuk agama mah meunang tapi di urang mah
aya UU na. nya kedah resmi ka KUA tea, upami henteu aya surat mah di
anggap kumpul kebo ku balarea oge. Sanes kitu....
Pun bapak oge rada kirang sapagodos, pami ibu mani sumanget pisan.
Terus terang ibu mah rada "silau ku harta", ti payun ge abdi hampir teu
cios ka pun bojo, da teu kengingeun ku ibuna. Enya eta gara2 abdi jalmi
teu gaduh, terus urang sunda, pajarkeun teeh tukang kawin,,eh tukang
nikah.
Alhamdulillah Ayeu namah tos di tampi...heheheheheh

Baktos
Yosep

Ah jadi ngabongkar rusiah sorangan yeuh...

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of waluya56
Sent: Wednesday, February 22, 2006 8:48 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....

Ngiring ngawaler, sanaos sanes ahli agama sareng ahli hukum oge. Kang 
Yosep ari teu acan resmi pipirakan mah, atuh teu kenging nikah 
(resmi) deui, komo keur istri mah, da tiasa dianggap ngalakukeun 
poliandri (gaduh caroge leuwih ti hiji), tiasa dihukum margi 
ngalanggar UU Perkawinan RI nu ngalarang Poliandri.

Duka ari nikah siri/ "nikah agama" mah. Tapi jigana mah tetep teu 
sah, margi pan teu acan pipirakan. Sareng saatosna pipirakan oge aya 
masa idah anu lamina lamum teu lepat mah 3 sasih. Ngan ari ceuk 
kuring mah, nikah siri teh langkung seueur mudaratna tinimbang 
manfaatna kanggo pihak istri. Margi ku nagara mah tetep dianggap teu 
sah (kumpul kebo). Nu janten masalah engke lamun kagungan putra 
atawa  harta gono-gini. Dina perkawis ngadamel akte kelahiran anak nu 
lahir wae, tos janten masalah, margi saratna pan kedah nganggo serat 
nikah. Upami teu gaduh serat nikah dina akta kelahiran teh 
diserat "ANAK HARAM". Masalah oge upami aya pancekadan dugi ka 
pipirakan, biasana pihak istri deui nu dirugelkeun, da teu kapayungan 
ku hukum nagara.

Saran si Kuring mah ........salabar we kituh ...dugi ka beres 
sadayana, dugi ka nikah resmi di KUA.

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "Yosep Hania" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Terus terang wae lah, 
> Bieu sim kuring di telp ku pun bojo , ceunah mah rain a (adik ipar) 
rek
> "Nikah Siri" dinten minggu enjing. Padaha ku pun bojo tos di larang
> (kaleresan anjeuna mah rada ulet ka agama na tehh.alhamdulillah)
> 1.    Eta adi ipar the teu acan resmi pisah / cerai sareng carogena,
> ceunah mah, "sebelum kamu mendapatkan yg lebih segalanya dari aku, 
ga 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke