Hatur nuhun kang boim kana waleran na. Terus terang abdi oge teu PANUJU
ka eta tuang rai, sareng kanu ngadukung na.
Terus terang pun bojo ayeuna kabingungan, kumargi saran-sarana di
"tolak" ku ibu sareng rai na, sareng kulawarga anu sanes. Ceunah rek
jadi "penonton saja, ngasih saran sudah." Ceuk abdi teeh " enya sabar
wae lah". hehehe

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of kang_boim
Sent: Wednesday, February 22, 2006 9:03 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....

Ngiring nambihan oge, leres sakumaha anu diterangkeun ku bah Willy,
nurutkeun sim abdi oge teu kenging waka nikah margina duanana oge
sami-sami nuju ngantosan proses hukum perceraian di Pangadilan Agama,
ulah serab dumeh ku gelar haji atanapi ku status anggota DPRD na da
ari masalah hukum mah teu pandang bulu. Pan lamun dina tos resmi cerai
atanapi pipirakanana oge aya masa idah anu kedah diliwatan salami 3
sasih sabab nurutkeun pandangan sim abdi mah bilih dina hiji waktu aya
gugatan boh ti pihak caroge tuang rai atanapi ti pihak istri si calon
pameget bakal riweuh jeung wirang sareng bakal eleh utamana mah...
pan lamun deui oge kedah aya bukti surat cerai boh keur duda atanapi
janda. Ditilik tina kacamata agama oge hal ieu teh kirang sae
saolah-olah rek ngamaenkeun dalil agama...komo deui misalna lamun
duanana ngagaduhan katurunan tinu ti payun.

Cag...ah, punten bilih aya nu lepat.

"kkbm'69"
--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngiring ngawaler, sanaos sanes ahli agama sareng ahli hukum oge. Kang 
> Yosep ari teu acan resmi pipirakan mah, atuh teu kenging nikah 
> (resmi) deui, komo keur istri mah, da tiasa dianggap ngalakukeun 
> poliandri (gaduh caroge leuwih ti hiji), tiasa dihukum margi 
> ngalanggar UU Perkawinan RI nu ngalarang Poliandri.
> 
> 
> 
> Saran si Kuring mah ........salabar we kituh ...dugi ka beres 
> sadayana, dugi ka nikah resmi di KUA.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> --- In [email protected], "Yosep Hania" <y.hania@> wrote:
> >
> > Terus terang wae lah, 
> > Bieu sim kuring di telp ku pun bojo , ceunah mah rain a (adik ipar) 
> rek
> > "Nikah Siri" dinten minggu enjing. Padaha ku pun bojo tos di larang
> > (kaleresan anjeuna mah rada ulet ka agama na tehh.alhamdulillah)
> 
> > 2.  ayeuna picaroge euna tehh, anggota DPRD I Jateng, ceunah mah
> > anjeuna oge nuju proses cerai sareng istrina.
> >  
> > Anu jadi patarosan kuring, "Kumaha Hukumna saur kacasoca Islam upami
> > aranjeuna keukeuh bin peutekeuh nikah?
> >  

> >  
> > Cag ah,
> > Yosep
> > Anu bingunnnggg.....
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke