Upami urang turun tina Feri di Bakauheni Lampung sok hawar-hawar kadangu lagu-lagu Sunda nu nunjukkeun yen di Bakauheni Lampung, seueur urang Sunda nu asalna Ti Banten. Dina sajarahna Lampung Kidul lebet wilayah Kasultanan Banten. Janten memang leres di Lampung kidul salian ti penduduk asli teh aya urang Banten. Urang Banten nu garaduh kebon "rempah-rempah" (cengkeh jeung lada) di Lampung. Dina novelna Mutatulli, Saija jeung Adinda, dicarioskeun Saija teh lumpat ka Lampung waktu diudag-udag ku bupati Lebak. ( Tapi lamun teu lepat, kuring hilap deui). Urang asli Lampung oge, sok reueus lamun manehna aya hubungan jeung urang Banten boh dina karuhun atawa kungsi guguru ka "guru sakti" di Banten.
Tapi ayeuna Lampung geus jadi Provinsi "Jawa Utara" , ku loba-lobana urang Jawa didinya ......hehehehe Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, Sabtu wengi kamari kaleresan abdi ningal pelem > dramadokumenterngeunaan bituna gunung Krakatau di selat Sunda. Di > handapsakedikcurat-coret sareng link cuplikan eta film, lumayan 2,5 mah > aya. > > Dinaeta film, urang Katimbang di Teluk Lampung digambarkeun > nganggeBasaSunda dialek Banten. Nuturkeun kapanasaran, bade tumaros naha > leres kitu kapungkur (atanapi ayeuna) Basa Sunda diangge di Lampung? > > Baktos > Yudi > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

