Tah geuning aya ekonom eung .... zaibatsu jeung keiretsu atawa konglomerat memang aya oge di jepun, ngan angger aya watesanna tur jelas deui. Nu katempo ku kuring mah, bedana konglomerat urang jeung konglomerat Jepun, ari di urang ti hiji kulawarga, ari Jepun ku sababaraha kulawarga, nya meureun leuwih loba anu milu usahana. Ieu mah "hipotesa" awal kuring ku nempo kasus "Livedoor" nu ayeuna keur rame di Jepun, malah mah ieu perusahaan teh teu migunakeun ngan sangaran, ku beda-beda ngaran tur "katempona pemilikna" oge beda, tah Livedoor teh hayang siga konglomerat di urang, ayeuna nu bogana aya di jero bui.
Ngeunaan nyieun motor, sigana mah lain ku teu bisa ngan bisi ngarumpak aturan WTO tea, asana mah. PT PAL upamana geus bisa nyieun kapal tur hasil ngajualna, pon kitu deui PT INKA geus bisa nyieun gerbong, asana mah sakabeh gerbong kareta kelas eksekutif dijieun ku PT INKA. Ti heula pernah rame, kuring kungsi posting photo kareta eks Jepang keur rute KRL Jakarta Bogor. Sabenerna mah lain PT INKA teu bisa nyieun eta gerbong, ngan mun teu impor departemen lain teu kabagean, ceuk cakcak bodas .... Mun ieu sigana lain ngan sakadar investasi jangka pendek ... tapi jang ka imah ... he .. he .. he ... Hiji deui ngeunaan bank, sakabeh bank di dieu, mun nyimpen duit teh tanpa bunga alias nol persen. Bank-bank anu gede, saperti UFJ, Sumitomo, Mitsubishi, ayana teh ngan di kota gede, lolobana ngan di ibukota propinsi wungkul, mun rada ke jero - ka kabupaten, bank propinsi anu "ngawasa". Aya deui bank anu di mamana aya, nyaeta Bank Pos, meureun mun di urang siga BRI, aturanna rada beda ti bank biasa nu aya. Meureun deui ieu mah, sabab mun duit disimpen di bank oge euweuh untungna, nya ahirna mending dipake keur usaha. baktos, budhi kurono kopo 241 ----- Original Message ----- From: mh To: [email protected] Sent: Wednesday, March 01, 2006 12:52 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Investasi Jepang, Malaysia, Indonesia Urang tambahan deui ngacaprukna. Baraya, cing sugan aya nu apal, ari urang kira-kirana bisa teu nyieun motor? Naha naon hesena nyieun motor teh, geuning ari nyieun kapal ngapung bisa? Noong kana motor, upama urang ngilikan sababarah tahun ka tukang, ayeuna nu ka tingggali boa-boa aya puluhan merek motor teh. Ngan duka teuing naha aya motor nu dijieun di urang. Padahal upama dibandingkeun jeung nyieun pesawat, nyieun motor mah geus puguh pasti aya nu meulina, teu kudu dijual ka batur. (mh) Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nyabit-nyabit Jepang, jadi katoel hoyong ngiring mairan... Dina bisnis bangsa Jepang aya istilah zaibatsu (ramat lancah keuangan) anu tungtungnga ngalahirkeun keiretsu (ramat lancah pausahaan). Model ramat lancah ieu hartina meh sarupa jeung konglomerat di negara urang, hanjakalna teu pati atra katingal ku urang anu henteu ngiringan ancrub di eta pausahaan. Anu kungsi kaalaman sorangan salila meh 10 taun kuring digawe di 2 pausahaan konglomerat Jepang. Dihandapeun hiji pausahaan gede (siga Toyota, Yamaha, Sony, Matsuhita jrd) aya sababaraha lapis balad-balad eta pausahaan anu miboga fungsi nyumponan pangabutuh pausahaan indung eta. Pausahaan anu aya dina lapis kahiji biasana nyumponan bahan baku utama jeung spareparts anu diperyogikeun ku pausahaan indung. Pausahaan-pausahaan di lapis kadua biasana nyumponan pangabutuh pausahaan lapis kahiji. Lapisan katilu biasana miboga fungsi anu diluar proses produksi siga nyadiakeun sistem logistic, machinery, jsb. Balad-balad pausahaan ieu sumebar di sakuliah dunia, utamana di nagara berkembang, diadu maniskeun jeung di olo ku tawaran alih-teknologi. Namung hanjakal dina prakna, sumebarna eta pausahaan teh teu jauh tina itung-itungan kauntungan ti murahna tanaga buruh jeung harga taneuh di nagara berkembang. Alih teknologina mah mung konsep wungkul. Biasana departemen riset & teknologina masih keneh muser di kantor pusat Jepang. Kumaha di nagara urang? nya sami bae kitu oge kaayanana. Geus meh saparampat abad boga kerjasama jeung nagara Jepang dina industri otomotif, angger bae teu matak industri otomotif urang jadi mandiri. Teu aya alih teknologi. Urang mung saukur kabagean produksi jeung miceun hasil produksi (pasar). Konsep jeung teknologi angger eta mah bagean bangsa deungeun. Beda jeung malaysia anu ayeuna geus tegep pisan kana proyek proton-na. Enya salah sorangan, urang teu boga visi dina ngawangun industri di nagara sorangan. Urang masih keneh fokus kana duit investasi, anu sipatna jangka pendek. Urang tacan mikir siga kumaha bentuk industri anu berkonsep jangka panjang. Cag sakitu bae heula, bisi loba salahna.. Baktosna pun akos ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "urangsunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

