Abdi gaduh sababaraha rerencangan urang Arab. Supervisor abdi urang
Arab. Abdi tangtos gaduh pamendak ngeunaan urang Arab. Sateuacanna
diwartoskeun kumaha maranehna (sieun bisi ngomongkeun/ ghibah), abdi
bade tumaros heula. 

Bade dicandak kamana diskusi ieu teh? Asa ti kamari Bah Willy teh
bulak2 balik mosting nu ngagogoreng urang Arab. Aya untungna pikeun
urang nyarioskeun kagorengan urang Arab?

Baktos
Yudi

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Isuk keneh, kuring kadatangan Pa S, pangsiunan pagawe di kantor 
> kuring. Manehna teh kaciri gumbira pisan, da kakara mulang ti Tanah 
> Suci. Manehna bisa indit ka tanah Suci, lain boga duit gede, ngan 
> kabeneran aya nu nawaran digawe dikontrak  keur bebersih di Masjid-
> masjid di Makkah jeung Madinah dina musim haji, atuh bisa sakalian 
> bari naek Haji. Inditna manehna mah teu bareng jeung jamaah haji nu 
> biasa, tapi ti bulan Puasa keneh geus indit ka Arab. Mulang oge 
> pangpandeurina. Ampir opat bulan manehna di Tanah Suci teh.
> 
> Pa S teh, urang Pemalang Jawa Tengah, kasang tukangna NU. Fanatik 
> pisan ka Gus Dur. Ku kuring sok diheureuyan ku jalan Gus Durna 
> dipoyok, resep ari geus ngambekna. Ngan beda jeung Gus Dur, Pa S mah, 
> fanatik pisan kanu bau-bau Arab teh. Pokona mah nu "bau Arab" eta 
> hartosna suci bersih. Teu resepeun pisan, lamun ku kuring dibejakeun 
> yen urang Arab teh ...kitu jeung kieu, manehna sok ngajengkat, embung 
> ngadenge.
> 
> Tapi, tadi isuk-isuk, waktu ngadongeng ka kuring, sababraha kali 
> manehna ngucapkeun "Masya Alloh, paingan Nabi diturunkeun didinya!". 
> Der weh manehna ngadongeng, rame pisan. Ku kuring teh ditanyakeun, 
> kunaon ieu teh masya Alloh terus-terusan. 
> 
> Ceuk manehna teh, urang Arab mah nafsu sahwatna gede. Kulantaran 
> awewe hese diditu mah, cenah mah aya anu nurutan jadi umat nu 
> ngalawan ka Nabi Luth. Manehna terus ngadongengkeun, kumaha manehna 
> rek dicium ku urang Arab. Ku kuring teh ditempas, urang Arab pan 
> ilahar lalaki silih soen pipi teh. Ceuk manehna teh, enya ilahar, 
> tapi lamun ngajak ka hotel?
> 
> Jeung deuih, ceuk manehna teh, eta nu baroga handphone, rata-rata 
> eusina teh gambar teu uni. Silih kirim diantara maranehna. Jadi 
> Gambar "jorok" teh nerekab dimana-mana, ngaliwatan teknologi.
> 
> Kuring jadina teh ngahuleng ngadenge dongeng Pak S teh. Inget deuih 
> kana dongeng Si Maman, supir batur kuring, nu kungsi digawe di Arab 
> Saudi meunang lima taun, nu dongengna oge ampir sarua. Nya kunaon 
> atuh mani "hyperseks" kitu nya? Boa-boa kulantaran awewe urang Arab 
> mah diringkeb wae, dina kaluar oge "dibungkus" tepi ka buni pisan, 
> tepi ka lalaki teh panasaran, hayang muka wae lir ibarat urang 
> nyanghareupan pepes lauk emas, nu sok hayang buru-buru muka.  
> 
> Cik lah, baraya nu di Arab, ngadongeng yeuh, supados kuring atawa 
> baraya nu sanesna, tiasa klarifikasi soal dongeng urang Arab nu 
> kurang hade ieu. Sabab nu didongengkeun ku kuring diluhur, saleresna 
> mah geus rahasia umum di urang. Dongeng-dongeng nu kararieu biasana 
> dicandak ku TKI atawa TKW anu mulang.
> 
> 
> WALUYA
> (Nu almarhum mitohana keukeuh teu percanten di Mekkah aya tukang 
> copet)
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke